jrut => turun - ari naek naonnya kecap panganteur na?
 
upami teu lepat mah terekel naek atanapi kalacat naek.
 
Kalacat naek kana ranjang, goledag sare gigireun indung budak atuh selanjutnya mah terserah anda he he he


oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah sanes ti ahli, sakadar ngiring icikibung wae. Dibabaran wae nya handapeun anu ti kang Cecep (anu keur pere, nyandak "cuti mingguan" atawa "cuti bulanan" ieu teh? :)), keur ngalegaan kosa kata (upama aya, eta oge):

On 1/13/06, Cecep Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
definis kecap panganteur na tos cekap nyumponan anu dimaksud.
jrut => turun - ari naek naonnya kecap panganteur na?
"jrut" keur "turun" sakapeung sok dipake oge "jut", conto: barang ningali susukan (kamalir), jut manehna turun" (Kang Cecep, kade nya menggel kalimahna ulah salah)
 
gek => diuk
beretek => lumpat
 
clek => calik / tumpak.. biasana dina motor/ becak
==>Asana kecap "clak" lebah dieu merenah  keur panganteur "tutumpakan": Clak tumpak. Anapon keur "calik" (diuk) mah panganteurna teh "gek" tea: gek diuk.
 
jol => datang .. jrrd ( jeung rea rea deui )
 
==> "jol" lamun teu salah singgetan tina "torojol". Larapanana tos leres.
Gutrut => nulis
 
==> ieu oge leres, gutrut nulis,

teras sababaraha harti tina kecap anu ditaroskeun
wanoh = Kenal, ngawanohkeun = Ngenalkeun, wawanohan = Kekenalan / perkenalan
genggerong = Tenggorokan * conto anu ngangge kecap ieu nyaeta " Heuras genggerong " anu nunjukkeun jalma anu sok huak haok.. ngomongna gede alias sok bebentak..
katelah = dikenal dengan / disebut dengan
Serelek = Serat elektronik tina e-mail meun di indonesiakeun kan Surat elektronik..
nyigeung = menyinggung ( perasaan )
 
===> kanggo "katelah" tiasa dianggo padanana: kawentar, kakincara, kondang
 
Anjirrr... edun euy uing.... kanu ahlina punten panglereskeun bilih aya anu lepat atanapi kirang naon anu dijelaskeun ku abdi ka kang Irwan.. bilih keh dituntut informasi menyesatkan tea.. heuheuheuheu...... Apih, kenging peunteun sabaraha yeuh abdi?
 
Wassalam
Baktos,
Çéçép Wahyu  katelah " Ule"
 
===>Sakitu wae heula. Kanggo informasi anu langkung lengkep ngeunaan unak-anik rarangkeun jeung aturan basa Sunda sejenna dina wanda (gaya bahasa) anu leuwih ngepop tiasa dipariosan buku anu judulna "Peperenian".
 
Ka Kang Aa, muga ulah alit manah, sami kuring oge ti Ciamis asal mah jeung tadina oge sami, teu pati bisa ngagunakeun basa Sunda.
 
baktos,
manAR
 


Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke