Jadi emut pangalaman sim kuring lamun ngadangu
deui nu kie teh kang..
satueacan nikah abdi teu kaemut pisan kana cariosan
anu kos kitu teh.
tapi sababaraha dinten deui bade nikah, calon istri
abdi nyarios ngeunaan stereotip eta, saurnamah ti rencangana..
na atuh meuni amek haritamah, tapi sim kuring
nyobaan ngaraba diri deui tina anu kapendak dina hirup abdi.
nya.. emang aya sih anu kitu,
malah katingalinamah seueur.. kunaon make kitu nya?? padahal didikan ti pun
rama (almarhum) henteu kitu pisan. kaleresan pun rama teh aya keneh rerehan ti
sunda-sunda anu asli, tapi emang sih pami baheulanamah karuhun abdi teh (anu
lalaki) tiasa gaduh istrina seueur (leuwih ti hiji)..
terus upami ningali deui kanu jaman-jaman deukeut
jeung jaman sim kuring ayeuna, da teu pati seueur anu sok kawin cere jeung anu
matre teh.
ti dieu abdi coba nyimpulkeun (tina pangalaman
sateu acan nikah tea :-)
yen stereotip etateh aya akibat jaman baheula loba
urang sunda nu kitu (nu sok kawin cere), tapi urang sunda nu mana
heula!
sapamendak abdi urang sunda anu janten gegeden
(pangawasa). kunaon make kitu? da aranjeuna mah mungguh gaduh ka kawasaan tea,
nya janten hirupna ge makmur, teras kangge ngahirupan leuwih ti hiji istri ge da
tiasa.. komo deui baheula mah gegeden teh pan diagung-agung pisan, jadi weh
janten istrina ge jadi kabanggaan..
ayeuna pami istri2na nu jadi matre, saur abdimah
aya akibatna tina kajadian nu di luhur, nya atuh pami aya kasempetan kangge
nikah jeung anu beunghar kunaon milih jeung anu susah.. hehe
ah eta mah mung pamunut abdi, tong aya nu
kasinggung ah
salam baktos
:ds
----- Original Message -----
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS
Yahoo! Photos Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever. |
- Re: [Urang Sunda] matre atawa realistis? Sansan
- Re: [Urang Sunda] matre atawa realistis? Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] matre atawa realistis? Nenny Nenden Nenong
- [Urang Sunda] Iber Milangkala Siddik Wiradireja
- Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala Dudi Herlianto
- Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala +> w... Ikmal
- [Urang Sunda] Re: Iber Milangkala +&g... mj
- [Urang Sunda] Re: Iber Milangkal... mj
- Re: [Urang Sunda] Re: Iber Milan... Runa Inawan
- Re: [Urang Sunda] Re: Iber M... ika mardiah
- Re: [Urang Sunda] Re: Iber M... joko tingkir