Abdi satuju upami panghasilan dilebetkeun, mung sanes rata-rata sasasih, tapi sataun. Jalaran sapertos abdi misalna  salian ti gaji bulanan + tunjangan, sok aya panghasilan sanesna misalna ngedit majalah/jurnal tiap triwulan, atawa dadakan sataun kedah ngedit sabaraha  buku laporan. Oge panghasilan ti kebon jeung sawah, balong, sumbangan ti dulur, toko batur, hehehe.....nu teu unggal sasih katampi. Pan rada sesah ngetangna, bakat ku sakedik sareng seep wae, hehehe....
 
ika

soni rosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
sampurasun
Ceu Eros (sengit siganamah nya siga kembang
eros...he..he..)
Kang Delun (Duka putrana atanapi kembarana Alain
Delon?....meureun!)

nepangkeun  abdi pun soni, warga kusnet ti taun 2000
keneh, tapi ngan ukur aktip tuang-toong wungkul, untung
ari panon mah masih keneh normal ("..ayan nu lololong"
ceuk kang Maman Gantra tea mah alatan ngan tuang-toong
wungkul. he..he...).

Ceu Eros 100, Kang Delun 200, cing pamikiran kuring pang
niley keun! (saridona lah..he..., di kirim ulang da teu
acan aya anu mairan..karunya nya...he..he..)

----------------------------------------------------------------mimiti
DBUS V1.2
sampurasun dulur kusnet sadayana!

perkawis panghasilan teh hal anu "Private" leres pisan
tapi pami urang bade ngabuka eta hal private kanggo
balarea (database kusnet).
numut keun pamikiran kuring mah alus wae, lamun eta hal
teh digunakeun keur kamajuan tur kawaltraan urang sunda
hususna (balarea saha wae umumna mah).

   "lamunan" kuring mah urang teh ulah ngan ukur
ruang-riung wungkul tapi aya oge kagiatan anu sipatna
"produktif" (cobi urang impleng ku urang masing2 urang
leuwih loba produktif atawa konsumtif).
konsumtif=dikandalikeun ku batur, dibobodo, dibibita jrrd
(ceuk uing deui wae he..he..)

kulantaran kitu jang ngayakeun kagiatan2 anu "produktif"
teh tangtu wae perlu ngamangpaatkeun potensi nu aya, cenah
ceuk beja potensi "urang sunda teh gede", terus mana?
tah urang dimimitian di kusnet!

cobi urang buka pangalaman kuring waktu keu ngora
(he...he...), basa keur di ajar
mun teu salah mah QCM(Quality Control Manajemen"-na
juragan Ishikawa tea geuning).

misal urang sunda hoyong 'PRODUKTIF' urang kedah terang
potensi:
1. Pangabisa Jalmina (Man)
2. Pangaboga(Material)
3. Tatacara/kabiasaan (Methode)
4. Panghasilan (Money)
5. Kagiatana (Machine)
tah geuningan aya"money" na.

tapak lacak kusnet:
Kopdar
Nerbitkeun Buku SBJS
Nyieun Kaos
HBH
Pabukon ( dikokolakeun ku Mang Jamal saparakanca)
Koperasi ( dikokolakeun ku Kang Agus saparakanca)
Riungan Dago Tea House
jrrd. apanan eta oge perlu "money" lin?

ceuk beja deui lamun urang hayang hasil "paniatan"
urang kudu bisa ngokolakeun(to mange it) kagiatan dina
enggoning nghontalna
lamun hayang bisa ngokolakeun kagiatan urang kudu bisa
ngariksana (to control it)lamun hayang bisa ngontrol
kagiatan urang kudu bisa ngukur tetengger/ukuran2na (to
measure it).

jadi "Money" teh salah sahiji ukuran anu perlu dipiawanoh
ku urang... Meureun...he..he... (lamun urang sunda hayang
ilubiung dina sagala widang kahirupan
--ipoleksosbudhankam-- (jaman wawasan nusantara euy...)

balik deui..
etamah "PRIVACY" euy!
mangga nyanggakeun memang kitu saleresna pami urang wani
mere lolongkrang tangtu wae bakal: aya mangpaatna atawa
dimangpatkeun (kantun niatna wae etamah, keur kawalatraan
urang sunda atawa keur naon...)

Janten point No 19 "PENTING PISAN"
Maksa kedah balaka/ngeusi, ah henteu da urang mah mahluk
mardika anu aya di nagara mardika,..mangga wae di emut
deui

cag heula nya!
(Kang Maman Gantra, Kang Hawe, nuhun pisan kana
pangrojongna, kuring jadi wani tulas tulis, sugan wae
bisa nyiap JK ROWLING..he...he..)

disambung deui nya...
----------------------------------------------------------------------tungtung

perkawis "sieun" memang sok sering kapikir dina hal anu
leuwih lega oge nyaeta dina kahirupan urang di alam dunya.
hirup teh sok rarajeunan matak pika "sieuneun"  tapi
lolobanamah "pikaresepen kacida pisan" he...he....
(ciganamah kurang ti 1% anu nelasan pati ku anjeun).

perkawis "sieun di oloan" ciganamah abdi bakal
"pikasieuneun" euceu jeung akang oge wadya balad kusnet
sadayana.
pasalna kuring teh tos tampi janten:

karyawan majalah sunda "CUPUMANIK"
bagean "NU NGIRING MASARKEUN" (lah dina kartu nama mah rek
ditulis "Marketing Team" ambeh gandang)
.....tyacan aya anu ngawilujeungkeun euy (he..he.. hayang
kapuji)
mangga wae di toong versi onlinena di www.cupumanik.com
(PROMOSI)

<kuring ngahaturkeun nuhun ka:
-kang Hawe Setiawan sabage pimred Cupumanik anu tos kersa
nampi kuring sabage karyawan "Nu ngiring Masarkeun".
(karyawan percobaan he...he..)
-Kabogoh (batur), kang Maman Gantra, Ua SAS, oge warga
kusnet anu tos kersa (iklas atow kapaksa) di
"mangpaatkeun" sabage  "koneksi"  anu gede pisan
pangrojongna.>

alesan utama ngalamar ka cupu manik teh nyaeta:
-hayang boga pacabakan anu matak ngagedekeun hate (hayang
beunghar oge..he...)
-kuring gede hate bisa ulubiung tur aktip dina kagiatan
urang sunda. (pikaresepeun deuih...)
-jrrd(ke disambung deui ari inget)
-anu jelasmah pasti meunang bonus dipikasebel ku baraya
anu ka olo ku kuring sangkan langganan "CUPUMANIK",
dipikasieun ku wadya balad anu ngarasa rek di olo ku
kuring. (he..he... nya kitu tea lah. sok inget kana
kekecapan kisobat "Hirpmah pilihan, mangga wae pilih
kuanjeun sadayana oge aya risikona).
-akang, euceu  ieu oge "PIKASIEUNEUN" keur kuring mah. da
ari kahayang mah balareateh MIKARESEP tur MICINTA kuring,
cinta coyyyy cinta ceuk aBG tea mah)

JADI pilih NO.19 (maksud teh mangga eusian pami rido tur
yakin_ ". kamari sore kungsi ngawangkong jeung Jang ATO
RIYANTO salah saurang anu ngokolakeun ITUS<siga urang jawa
nya, padahalmah sunda pisan>, dina point no 19 teh aya
pilihan  kanggo teu balaka soal panghasilan--nuhun Jang
ATO!)

sing CARINGCING PAGEUH KANCING nu rek ngoloan geus datang
(aya nya kitu nu ka olo ku kuring..he..he.. pang do'a keun
euy!)

JADI....
cag heula nya (rek tatan2 keur latihan mengbal isukan...)


salam sono ka sadayana
sonirosa


On Thu, 12 Jan 2006 08:53:36 +0000 (GMT)
  rosma ilyas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  100 kanggo Kang Delun! 200 kanggo abdi heheh…nyaaa
>kirang langkung kitu…da sieun lepat atuh, diseratkeun
>angka nu alit bilih majarkeun bade balamaen… bade
>diseratkeun angka nu ageung sieun dioloan, heug deuih ke
>bilih disangki personil grup Dewa alias Gede Wadul…uka ah
>moek (au ah gelap…hehehe)
>  
>  Baktos,
>  Ceu Eros.
>  
>  Message: 7        
>   Date: Wed, 11 Jan 2006 04:09:50 -0800 (PST)
>   From: DELUN I <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: RE: Re: data baraya US
>        Oh...mung pelengkap wungkul, kitu ceu Eros..? saé
>atuh upami kitu
> mah, soal na simkuring mah...sieun di oloan ku baraya US
>upami
> disebatkeun. hé..hé3x.
>  
>  Delun
>  
>    Message: 12       
>   Date: Mon, 9 Jan 2006 02:40:20 -0800 (PST)
>   From: DELUN I <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: RE: Re: data baraya US----> usul ruang chating
>      Badé nga delétte hiji bé, Perkawis point no.19
>(panhasilan)
> simkuring
> rada teu sapagados, soalna étamah leuwih ka masalah
>"Privacy" (alah
> meni
> gaya..).janteun langkung saé di piceun baé perkawis nu
>éta mah.
>  Mangga nyanggakeun ka wargi nu sanés na...!
>  
>  wslm,
> &nbs p;
>  Delun
>  Kang Hadi haturan,
>      Danget ieu mah chating teu acan aya di web kusnét
>téh, Insya Alloh
> ké
> kaditu-na mah janten portal komunitas nu lengkep. Bet
>info kanggo
> ngirim
> email ti aplikasi gé abdi teu acan terang, mugi Kang Éko
>masihan info
> naha
> tiasa hosting-an nyayogikeun SMTP server supados
>aplikasi Web Kusnet
> tiasa
> otomatis ngintun email ti aplikasi...ieu seueur gunana
>:-)
> Dinu aplikasi Rohangan Baraya US versi 2.0 nu teu acan
>diupload,
> field-field
> informasi baraya téh sapertos kieu (aya chating-na
>pan?:-)):
>      1. ID Email (ieu janten identitas unique tiap
>baraya)
> 2. Nami
> 2.1 Landihan
> 2.2 Email sejen salian nu jadikeun ID
> 2.3 Chating baraya (Sajaba YM ID, ICQ, Microsoft
>Messanger jrrd) -->
> tah ieu
> info kanggo chating-na mah...sateuacan kusnet ngadamel
>aplikasi chating
> nyalira, nganggo nu kakoncara we heula)
> 3. Tempat Lahir
> 4. Tanggal Lahir (maksadna tgl-bulan-taun nya :-))
> 5. Alamat
> 6. Kota
> 7. Provinsi
> 8. Nagara
> 9. Padamelan (field anu panjang)
> 10. Password
> 11. Tanggal daftar
> 12. Tanggal Edit
> 13. Foto --> Tah ieu lumayan supados aya warna-an
>rohanganana...pan
> jadi
> apal beungeut bogalakon Kusnet teh....
> 14. Riwayat Sakola (field anu panjang)
> 15. Riwayat Damel (field anu panjang)
> 16. Jinis Kalamin
> 17. Status (Kulawargi/bujang/parawan/janda/duda)
> 18. Hobbi
> 19. Penghasilan sasasih rata2 (<1jt, antara 1 jt d.g
>5jt, tahhhh kumaha
> range na numutkeun wargi???)
>      Salam baktos,
> Kang Ato
>
>
>
> Send instant messages to your online friends
>http://uk.messenger.yahoo.com

========================================================================================
Speedy Gift 4 You. Pasang Speedy gratis Flexi Trendy dan berhadiah undian :
3 Notebook, 7 Handycam, 9 Digital Camera, dan 25 Modem ADSL. Maaf hanya untuk Januari 2006.
Info : 147 (Khusus Jawa Timur)
========================================================================================


Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke