Ki dulur Warga Kusnet,

 

Hapunten nembe Online deui ayeuna. Eta ngalereskeun hostingan aplikasi baraya Kusnet nu rada ngarepotkeun, maklum ngadamel dilingkungan Windows ari hostingan lingkungan Linux/Sun, lami keneh ngalereskeuna daripada ngadamelna, lucu pisan J. Seueur pisan error-na. Mung Alhamdulillah dupi di test ku abdi mah tos jaralan, mung duka tah ari di serbu ku baraya mah ngarapdet datana….meureun kolaps oge hehehehe.

 

Sanajan teu acan sampurna aplikasi-na, saur urang malayu mah “tak ada gading yg tak retak, tak kenal maka tak sayang…”, mugi kersa nyobian ngapdet data-na. Katingalna mah Kang Eko tos ngupdate tah.

 

Harepan abdi mah aplikasi tiasa manfaat kanggo warga US sadaya supados data-na rada lengkep, janten tiasa silih wanohkeun.

 

Perkawis anu diabotkeun field kauangan mah da aya pilihan ‘teu disebatkeun’….tingal pilih we ka nu teu kersa mah.

 

Kitu ah, hapunten bilih aplikasi-na aya keneh error mah kintunkeun we informasi-na japri ka pribados atanapi ka milis IT Kusnet di [EMAIL PROTECTED]

 

Wilujeng surfing baraya, salam baktos

 

 

Kang Ato

 

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke