Innalillahi wainna ilaihi rojiun....
  mugi-mugi enggal dipaparinan gentosna....
  Amiiinnnn...ya robbal alamiinn
   
  ssw

tantan hermansah [EMAIL PROTECTED]
  Assalamu alaikum wr wb
Baraya US sa alam dunya,
Kuring rek ngadongeng ngenaan nabung. didongengkeun teh lain pedah loba duit
sahingga jadi ditabung. justru kusabab rek nyaingan kang Eko, jadi Tukang
ngiridit. he..he...
Kieu lalakonan:

Kuring milih nabung di BTN teh, pedah we basa ngajukeun rek nyicil iman kudu
boga rekening di Bank BTN. Jadi salila 2 taun nabung teh, sabenerna mah ngan
ngaliwatkeun duit nu rek dipake keur mayar tea.  Enya, dina tabungan teh aya
oge duit, tapi  eta mah duit keur mayar nanahaon, DP imah, jrrd cenah. jadi
kuring teu ngarasa miboga eta duit.

Bieu, tanggal 08/02/06 kuring nyetor siga biasa. barang ninggali print out,
bet ngajenghok, sabab rekening BTN kuring aya anu ngabobol.  nu leuwih
pikaheraneun, dibobolna ti Bank sejen, jeung make ATM deuih. bingung pisan
teh, pan sidik, sapopoe oge eta ATM aya di kuring. malah, kusabab tara
dipake ATM BTN mah, password na oge geus poho.

Kuring nyoba komplain. siga bareto basa rekening bank Niaga kuring oge
dibobol batur. tapi, saperti nu enggeus-enggeus, pihak bank keukeuh yen
mekanisme anu dilakukan ku nu ngabobol teh make ATM. mun arek, cenah, ATM-na
dibolokir. kuring satuju, sok sanajan kaputusan eta teu bisa malikeun duit
batur anu aya direkening kuring tea.

baktos

tantan


[


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke