Kang Tantan, Abdi bade mairan, nanging punten Abdi mah sanes ahlina. Ieu mah sakaterang Abdi we waktos kapungkur masih sakola.
Pami teu lepat mah, golongan 'darah' atanapi getih manusa teh dibagi opat macem, nyaeta golongan darah A, B, AB sareng O. Bedana opat golongan 'darah' ieu dumasar kana kandungan zat aglutinogen sareng aglutinin-na. Pami teu lepat, 1. Golongan 'darah' A ngagaduhan aglutinin A sareng aglutinogen b 2. Golongan 'darah' B ngagaduhan aglutinin B sareng aglutinogen a 3. Golongan 'darah' AB mung ngagaduhan aglitinin A sareng B, teu ngagaduhan aglutinogen 4. Golongan 'darah' O mung ngagaduhan agutinogen a sareng b, teu ngagaduhan aglutinin. Aglutinogen teh sifatna jiga antibodi, pami aya aglutinin 'asing' anu sami sareng manehna, eta aglutinogen bakal 'ngagumpalkeun' aglutinin 'asing' tea. Misalna we kieu : Si Fulan ngagaduhan golongan 'darah' A, tangtos dina getihna aya aglitinin A sareng aglutinogen b. Teras, si Fulanah ngagaduhan golongan darah B, tangtos dina getihna aya aglutinin B sareng aglutinogen a. Pami si Fulan nampi donor ti si Fulanah, aglutinogen b nu aya dina getih si Fulan bakal 'ngalawan' ka aglutinin B nu dibawa ku getihna si Fulanah. Kusabab kitu, teu kenging golongan darah A ngadonorkeun getihna ka golongan darah B, kitu deui sawangsulna. Conto anu sanes, si Lamsijan ngagaduhan golongan darah AB, dina getihna mung aya aglutinin A sareng B. Kusabab kitu, Si Lamsijan ieu tiasa nampi donor ti saha we sabab dina geutihna teu aya aglutinogen, minangka antibodi. Tah, Abdi nyalira ngagaduhan golongan darah O, getih Abdi teu ngabogaan aglutinin, kusabab kitu getih Abdi mah aman bade didonorkeun ka saha we. Ngan getih Abdi ngabogaan aglutinogen dua-duana, nyaeta a jeung b. Abdi teu bisa sambarangan narima donor, kudu ti golongan darah anu sarua nyaeta golongan darah O. Tah kitu Kang sakaterang Abdi mah. Golongan darah A, B, AB sareng O ieu teu mangaruhan atanapi kapangaruhan ku sifat karakteristik manusa. Anu mangaruhan pasifatan manusa mah nyaeta kromosom (atanapi DNA)-na, sanes golongan darahna. Cag ah.....bilih aya anu lepat punten pang lereskeun, margi Abdi mah sanes dokter....anu ahli kana widang 'pergetihan' ieu hehehe..... Salam Baktos, Ono Taryono "tantan hermansah" <[EMAIL PROTECTED]> Sent by: urangsunda@yahoogroups.com 02/17/2006 07:59 PM Please respond to urangsunda@yahoogroups.com To urangsunda@yahoogroups.com cc Subject [Urang Sunda] masalah pergetihan. punten tumaros ka ahlina. Asslamu alaikum wr wb Punten rada serius bade naroskeun masalah pergetihan ka nu ahli we. Getih manusa cenah dibagi-bagi jadi A, AB, C, D, E, bener teu? Ku naon klasifikasina mung sakitu. jeung kunaon bet aya A, tapi aya AB... terus, tadi kuring dipariksa getih. teuing naon hasilna da can katohyan. ngan, ceuk rerencangan anu bareng dipariksa, cenah di A atawa B jsb, teh aya unsur positif negatifna. mun ngahijina teu bener, cenah bisa nyababkeun anakna cacat kumaha jeung kunaon bet kitu? terus, naha klasifikasi getih sadunya teh mung sakitu? naha getih teu kapangaruhan ku budaya, geografi, tur kadaharan jeung situasi? baktos tantan [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/