Tour de Galuh

Saptu kamari, kang Soni tukang gim ngajak ka lembur bareng kana mobilna nu
anyar tea. Si kuring ngahayukeun bari sasadu keur kutud bin paila, teu
bisa papatungan meuli bengsin. Jam 11-an kang Soni ngajemput  bareng jeung
buntutna nu kadua.
        Sanggeus liwat Limbangan, mobil eureun di hiji rumah makan liwet. Pedo
pisan, sabab saungna sisi balong pamandangan gunung sawah endah pisan. Di
jalan meunang sms ti kang Gun, pupuhu redaksi Kompas Bandung, nu
nanyakeun/konfirmasi naha enya Mang Ayat Rohaedi pupus? Ngagebeg bari can
maca Innalillahi, dan can apal persis. Nga sms ka kang  Hawe Setiawan,
bari menta ka kang Eko webmaster KUSnet pangnaroskeun ka kang Rachmat
Rawyani UI depok. Asa lila, bisi keur teu bogaeun pulsa, nya nelpon we ka
kang Hawe. Cek rarasaan  manehna kudu geus apal beja paling anyar, sabab
kang Ajjip Rosidi tej –rakana Mang Ayat- teh pan pamingpin umum
Cupumanik, Hawe pamingpin redaksi. Pasti beja tereh nepi. Enya we, kang
Hawe ngajawab enya, Mang Ayat pupus tadi siang. Pupusna di Sukabumi.
Terus we ngabejaan nu sejen kaasup Kang Gun. Nuhun we ka teh Ika oge
urang Jakarta nu ngabejaan ngaliwatan SMS beja rinci pupusna Mang Ayat.
Innalillahi wainna ilaihi roji’un.

Nepi ka wewengkon Rajapolah, mobil mengkol ka kenca, ka Panumbangan terus
ngaler ka Panjalu. Ka Situ Lengkong heula. Tiket Rp.2.500 saurang. Motoan
situ Lengkong jeung baraya Batman oge Robin anu harita ampir sadayana nuju
leleson ngagarantung dina tingkal gundul, ngadagoan peuting, sabab Batman
jeung Robin (maskudna kalong) mah hirupna peuting. Di tengah situ aya
pulo, Nusa Gede ngarana. Sok dipake ziarah da aya makam Sayid Ali –lain
Ali sahabat Nabi, nu cenah ceuk Gus Dur, boga turunan kyai di Jawa Timur.
Di wewengkon Panjalu kungsi  aya karajaan Sunda heubeul oge aya makam
ulama nu nyebarkeun Islam. Sisi jalan oge rada sisi situ, aya rangak
wangunan badag make tihang beton. Calon Masjid Agung cenah. Di sisi situ
oge aya pangkalan pikeun parahu nu disewakeun nguriling situ atawa meuntas
ka Nusa Gede.

Tour diteruskeun ka Kawali, ngaliwatan Lumbung, lembur kang Oman Manar. 
Ka Astana Gede Kawali tea. Geus rada sore, jam 4-an.kuncen geus euweuh,
gerbang ditutup tapi teu digembok. Kang Soni jeung si kuring oge neng Ade
asup. Dijero astana gede hieum, geueuman jeung sajabana. Pangling. Baheula
mah aya tembok jeung pageur ngurililingan situs batu tulis nuaya aksara
Sunda teh. Ayeuan teu aya. Suhunan atawa saung pikeun batu prasasti aya
meunang ngaganti. Nguriling di dinya ningalian batu2 prasasti bari motoan.

Geus kitu terus ngabiur ka Ciamis. Papisah di kota. Kang Soni ka lemburna
di Kertabumi Bojong di wetan si kuring ka Gunungcupu Cikoneng, di kulon.

Isukna jangjian panggih di Karang Kamulyan. Jam 9an si kuring geus aya di
Karang Kamulyan bari terus asup ka jero. Mayar Rp. 1500.- ngan euweuh
pulang, boga sarebu, mere we sarebu.  Asup ka situs KK bari motoan
prasasti kaasup urut  tempat ngadu hayam antara hayam Ciung Wnara jeung
hayam Hariang Banga tea.Loba monyet dina tangkal, aya nu turun ka jalan.
Matana semu nanya, “Cageur, euy? Kamana wae? asa jarang panggih..." hehe.

Nguriling nepi ka tungtung, ka sisi walungan Citanduy nu panggih jeung
Cimuntur. Dua walungan merger, jadi Citanduy.sigana sabab Citanduy leuwih
gede.

Ti KK, kang Soni ngajak ka lemburna,  aya situs oge di dinya teh, Gunung
Susuru jeung makam Prabu Dimuntur bari nganteurkeun buku pikeun pabukon di
desana. Kang Soni teh sigana turunan menak. Desana, Kertabumi teh,
baheulana ngaran karajaan, sanajan meureun ukuranana leutik mun dibanding
Galuh,jeung beh dieu, sajaman jeung Sumedang Larang. Mobil bisa nepi ka
gigireum makam Prabu Dimuntur, jalanna ngan ukur batu can make aspal.

Mobil terus ngabiur ka Ciamis.ngabaso. teu protes da lapar. Padahal cek si
kuring mah,baso teh katuangan istri. Tapi beuki oge, sabab si kuring kawin
oge jeung istri, lain jeung tangkal mahoni. Ti dinya, muter deui ka Pa
Jaja, meser buku pesenan si ua Sas, sejarah Ciamis. Pa  Djadja teh urut
kadis kabudayaan Ciamis, nu nulis sababaraha buku ngeunaan sajarah Galuh,
Panjalu, Kawali jeung sajabana. Anjeuna oge gaduh grup SGSB, studi grup
budaya sunda, grup kasenian. Tiasa pesen bukuna via telepon jeung duitna
transfer ka rekening.

H. Djadja Sukardja
Jl. Panoongan 23 Ciamis , telp. 0265 771127
Rek. BNI Ciamis, No.136.00000.7430.901

kamari buku sajarah ciamis nu kandel jeung dua tilu buku ipis, 150 rebueun.

Beres ti Pa Djaja, mobil ngabius ka Tasik, terus ka Singaparna,
nganteurkeun buku sakardus kanggo nambihan koleksi Pabukon Singaparna Teh
Lies Parish. Ti dinya, balik bandung liwat Garut. Nepi ka bandung sore.

Tour de Galuh ieu bisa jadi paket wisata budaya. Bisa disapoekeun. Mun ti
Bandung isuk2 mah, bisa balik deui ka Bandung sore/magrib. Tah kanu bade
usaha travel wisata, mangga digarap.

Sakitu heula


mj

http://geocities.com/mangjamal






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke