Duh neng, resep nyaa..pami tos karaos gerak mah...
abdi oge kapungkur waktos pertama di parios teh nembe 3 minggu di usg, mung teu 
acan katingal..waktos ka dokter anu kadua kalian..tos aya katingal..alit keneh 
pedah...

Ayeuna teh nincak 3 sasih, alhamdulillah nuju mamayu emam abdi mah

Muhun atuh neng, sing lungsur langsar we dugi ka lahiran...

Nia

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Behalf Of Puspita Widyamulya
Sent: Thursday, February 23, 2006 12:30 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Iber Milangkala


Hehe, muhun ari nj nyiram mah ulah waka ujag-ijig kamana mendi, tp da
abdi mah baong, kamari wae ge waktos taun baru islam, diajak ka gunung
papandayan sareng kawah kamojang ku teh lilies sareng kang murdi ti
caledoni.. tp da teu ngaraos cape.. 

ayeuna tos 22 minggu langkung, nya kirang langkung bade 6 sasih, tos
karaos gugulitikan budakna, teh nia mah teu acan karaos nya?? mun abdi
mah muir wae.. tp teu acan katingal istri pamegetna, da tiap diparios
ge, teu daek cicing, bari tetejeh deuih... komo basa harita mah keur
mencrong we kana monitor.. apaleun mun keur ditingal meureun.. 

resep geura pm tos usik mah, tp aya oge getekna, komo ayeuna abdi mah
sok hoyong ngagaro beuteung, da ateul, cnah ceuk kolot mah keur jadi
buuk budakna, ari digaro pan cnah teu kenging, kedah diusap wae ku
minyak jaitun.. meh ngkena teu aya tapak gurat2 bodas samodel singkayo.. 

ke sasih ka opat mulai usik ngawitan, ngawitanna mah ngeleter, jiga
jangjang kukupu... asa aneh... hehehe... wilujeng ngararaoskeun... :)

~ipuP~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Amien, Neng pupy,..
> haturnuhun piduana...., kantenan neng, kue mah hoyong..mung
angkat2an tebih teh  cararape....haturnuhunlah, ke insyaAlloh sanes
waktos, hoyong nyobian kue buatan neng pupy.
> Neng pupy kumaha ayeuna? tos sabaraha sasih?
> 
> Nia
> ( wanoja kusnet baheula teh ayeuna mah...balucitreuk nyaa...kaasup
kuring )







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke