waduh..
elmuna geus laluhur euy...aya elmu marifat sagala...
hapunteun atuh ah lamun jadi sok tahu...

abdi teh rumasa ngan ukur ngarti kana elmu tajwid,fiqih sareng anu
ngenaan akhlak wungkul...eta oge tacan asak pisan..
acan nepi tah kana elmu ma'rifat atanapi naon tah namina,tasauf atawa
sufisme,,

cik atuh ajaran ka kuring saetik mah,,,sangkan kuring rada ngarti eta
elmu teh...
da saterang abdimah  Rasul oge teu ngajaran sahabat kana nu
karitu..atawa urang bae teu terang panginteun...!!

lamun eta..hmm saha tah namina..?? 
al hallaj..kaasup ka mana eta teh...?
naha ka asup ka marifat atawa tasauf..???
bet karunya pisan nya sampe di peuncit gara gara nyebarkeun
ajarannana...

cik atuh kang..bejaan saetik elmuna..



-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of jikoming
Sent: Tuesday, 21 March, 2006 1:17 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Manggih nu kieu! (syahadat)


Sampurasun, 

Ieu buku, buku karuhun, nu ngarti ngan jalma anu geus nepi elmuna 
kana ma'rifat, geura mun ditaroskan ka abah Eddy Nugraha nu sok 
ngabahas masalah agama di http:/rang-sunda.or.id, Kasundaan, bakal 
dibahas ku anjeunna.

Lain sim kuring rek meupeuh atawa ngeserkeun lalakon nu jadi guru 
agama atawa ulama, lantaran beda, ieumah ilmu ma'rifat. Lamun 
ngabahas syahadat ieu teh bakal jero lalampah kahirupan.
Cik tingali dina kecap "hirup ning kawasa hurip", Naon hirup teh 
jeung naon hurip teh? Jeung kunaon hurip nu ngawasaan hirup?

Nu disebatkeun ku kang Totong Usman teh leres ayana, lain sim kuring 
rek ngabalakarkeun katerangan saderek nu nyebatkeun yen ieu 
teh "warisan agama hindu atawa budha". 

Eta buku, buku hade, keur pribadi mah sae pisan, mung kedah di 
ayunan ku guru nu ngartos kana ma'rifat, lamun henteu bakal jadi 
fitnah.

Upami teu aya pamengan, sim kuring nyuhunkeun di kirim copy-na, 
nganggo pdf bae (di-scan) supados aslina katingali.

Seba ti sim kuring

Panji M Martha


> > -----Original Message-----
> From: urangsunda@yahoogroups.com
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On
> Behalf Of :::dh:::
> Sent: Monday, 20 March, 2006 3:45 PM
> To: Kusnet; kisunda
> Subject: [Urang Sunda] Manggih nu kieu! (syahadat)
> 
> 
> sampurasun,
> kuring nimu nu kieu, cing ah sugan aya nu apal! Naon ieu teh?
> 
> *Syahadat Sunda*
> 
> Ashadu syahadat sunda, syahadat pamuka lawang.
> Buyut lembur mangun sari eusina manusa pasti, hirup ning kawasa
hurip
> ning keresa, dilawangan rancamala. Milawangan ing kuasa puhu ratu
congo
> wali. Nya isun sesewu putu, sasaka sakawayana, ratu kuncing putih
kudrat
> pasti.
> 
> *Syahadat Tunggal
> *
> Ashadu ratu Alloh teu aya deui ijin gusti.
> Parentah Alloh sembah guru, sembah ratu, sembah atua sadaya. Ibu
Ratu
> Siti Badriah turunan Ibu Mas Gamparan Muhammad kakasih Alloh
> 
> *Syahadat Manusa*
> 
> Ashadu syahadat manusa, jleg langit, jleg bumi, jleg manusa
sajatining
> manusa.
> 
> sakitu wae, naon bedana jeung sahadat Islam???
> 
> tabe pun.
> 
> 
> deha
> --
> Lang lang ling ling
> http://deha.wordpress.com http://dudiherlianto.multiply.com/photos/








Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke