Nuju sim kuring damel di LPPI (lembaga pengakajian Islam indonesia )harita teh kantos dipiwarang ku dunungan pikeun nalungtik hiji buku anu cenah pamasihan ti salah saurang anggota Mahesa Kurung. Dina eta buku teh pinuh kunu araheng. Kayaning sagala jampe pamake ngenaan kawedukan (kebal senjata) pikeun naek pangkat, menang jodo pangasihan sareng bilih hoyong tambih rizki ge aya. Eta buku teh kandelna kira-kira 1000 halaman/kaca. Sagala jampe pamaake eta sadayana ngagunakaen ayat al-Qura'an mungg atos dirobih-robih atanapi ditambihan kunu ngarang eta buku. Cindekna sagala jampe aya dina eta buku. Hasil panalungtikan sim kuring kantos dibawa dunungan ka MUI pusat kanggo bahan panalungtikan dewan Fatwa MUI pusat. Tapi harita teh simkuring kabujeng kaluar ti eta lembaga sarta situasi indonesi kabujeng robih ku kapilihna SBY janten presiden sarta aliran Ahmadiyah langkung mahabu deui. Salian ti eta buku anu kandelna 1000 halaman sim kuring ege kantos nalungtik hiji tulisan cenah mah ti salah saurang anggota MK. Dina eta tulisan teh diterangkaeun yen abah MK bisa ngubaran sakabeh panakit jelema, ngan anehna manehna boga kayakinan yen sakabeh panyakit teh mangrupakeun panyakit turunan. Nukudu diubaran. Salah sahiji bentuk ngubarannaana ku cara kawin ghaib. Nyaeta nu boga panyakit kudu rela di kawin ku hiji lalaki gaib anu bakal datang tiap peuting. Lila waktu diubarannya kurang lewih sataun. Geus loba parawan atanapi randa nu jadi korbanna. Malah tiantarana aya pegawe negeri mahasiswa jeung budak sakola. Tiantara anggotana aya oge ti kalangan TNI AD kapolisian jeng sajabina. Malah cenah ti kalangan birokrat oge aya anu jadi murid abah MK
Cag sakitu panalungtikan ti sim kuring Masih keneh seeeur ka sesatan eta ajaran teh upami hoyong langkung paos mangga japri wae ka simpkuring atanapi ngalangkungan telepon 081310330526 -----Original Message----- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ndoell Sent: Tuesday, March 21, 2006 2:19 PM To: urangsunda@yahoogroups.com Subject: [Urang Sunda] Re: Conto nu Pikasieuneun tea ..... Bah Willy, sababaraha taun kalangkung aya websitena, tapi duka ayeuna, pareum jigana mah. seueur pendapat anu benten-benten soal Paguron MK ieu, namung salah sawiosna mangga klik dihandap : http://paranormalsakti.freehomepage.com/photo.html -dul- tukang teuing Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/