ade tah kang ide teh..
jadi hayang nyobaan lah si kuring mah
make totopong barangbangsemplak tea
kapret hideng
sendal jepit kulit jieunan garut
heheh


On 3/20/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang AG,
> Sakali-kali mah coba 'test case'. Upama aya uleman ti
> menak cobaan nganggo dudukuy samak, calana sontog,
> baju kampret, sareng sendal jepit. Cing kumaha
> reaksina kira-kirana, naha bakal diaku US ku para
> menak. Hehehe.
>
> (MH)
>
> --- Lodaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> > Duka kumaha kuring mah dina acara anu kararieu teh
> > sok asa kararagok,
> > salah ragap...., nyeta sok rumasa lain menak. Matak,
> > lamun narima
> > undangan anu saperti kitu, kuring sok mangmang...,
> > rumasa anak bulu
> > taneuh, urang lembur. Lemburna oge beh ditueun
> > lembur. Era teh sieun
> > ditanya turunan.... Lamun dina kaayaan kitu sok
> > tumanya ka diri, ari
> > aing urang Sunda lain?
> >
> > AG./bdg.
> >
> > --- In urangsunda@yahoogroups.com, "mj" <[EMAIL PROTECTED]>
> > wrote:
> > >
> > >
> > >
> > > malem saptu kamari si kuring dinner di ball-room
> > hotel savoy homann.
> > gaya
> > > nya. heuheu. ku pa rektor pangulinan, prof.
> > Djuanda Soeraatmadja
> > > dipiwarang ngawakilan anjeuna dina acara
> > milangkala kahiji Ruwat Sunda.
> > > eta teh singketan ti Rukun Wargi Tatar Sunda. nya
> > teu bisa nolak da gawe
> > > si kuring ayeuna jadi ban serep ongkoh. make batik
> > we, da dina ondangan
> > > aya catetan, pakean bebas rapih, sae pisan upami
> > nganggo raksukan sunda,
> > > cenah. teu boga raksukan Sunda baheula mah. da
> > hirup ayeuna kuring mah.
> > > heuheu
> > >
> > > nu katoong mah eta teh kumpulan wargi2 sasunda
> > (baca: kumpulan Menak
> > > Sunda). aya acara mintonkeun wakil ti kawargian sa
> > TS. wargi sumedang,
> > > wargi galuh, wargi sukabumi, bogor, cianjur,
> > sukapura, turunan goparana
> > > subang, cirebon, indramayu, jsb.
> > >
> > > aya dua bupati nu sumping, subang jeung don
> > sumedang.
> > >
> > > matak helok, sabab kalolobana, utama ti kawargian,
> > make baju adat. Mang
> > > Ihin mah komo, make iket jeung baju hideung. beda
> > ti menak nu dibarendo
> > > jeung baju tradisional tea. reueus saeutik, sameja
> > jeung Mang Ihin.
> > > sedihna, Mang Ihin teh geus kolot. 80 taun,
> > sanajan jangjag keneh,
> > tapi nu
> > > dipikiranana, wewengkon tatar sunda nu rusak.
> > gunung gundul, jsb.
> > >
> > > si kuring hudang, nyampeurkeun ka Mang Ihin,
> > sasalaman bari ngaduakeun
> > > sing jagjag sing panjang yuswa, bari ngusapan
> > tonggongna. heuheu. asa ka
> > > aki sorangan euy.
> > >
> > > sameja deuih jeun Pa Sudjana Syafei-ketua forum
> > rektor. katelah pa Jon.
> > > urang elektro itb. cas cis cus basa inggris
> > manehna mah da gigireun aya
> > > bule amrik nu nikah ka Mira RG Wiranatakusumah nu
> > harita janten MC.
> > nya da
> > > Pak Jon teh s2 s3 di amrik. ningali Pa Jon mah,
> > matak sugema, US teh
> > > teuneung ludeung, teu tungkul, tanggah we. duka
> > pedah kirang jangkung
> > > kitu. heuheu...
> > >
> > > pangheulan panggih jeung Pa Jon. pancakaki we,
> > alumni senirupa. jadi we
> > > akrab. heuheu
> > >
> > > Acarana biantara laporan sekjen ruwat sunda, Raden
> > Adil FAdilakusumah,
> > > terus biantara pupuhu pembina, Iwan Ridwan
> > Sulanjana. nu kamari janten
> > > Pangdam Siliwangi. ayeuna diganti ku Sriyanto,
> > urang wetan nu oge
> > > ngahadiran acara.
> > >
> > > tamba kesel, nga sms kang MGT, menak sunda keur
> > kumpul di homann.
> > kang MGT
> > > ngabales, aya naon euy? teu beja2 ka kuring nu
> > menak pituin bandung,
> > > cenah. heuheu.
> > >
> > > inohongs bandungkatingal aya, Kang Uu Rukmana, nu
> > ping 31 Maret ieu
> > baris
> > > medalkeun koran harian basa Sunda. basa di aula
> > Sanusi H Unpad, mieling
> > > poe basa indung, anjeuna nyarios, kuring rek
> > nyieun koran basa
> > Sunda. basa
> > > mah lain pikeun di seminarkeun, tapi dipake.
> > cenah. heuheu.
> > alun-alun tos
> > > dugi kamana, gan?
> > >
> > > kahayangna mah alus pisan Ruwat Sunda teh,
> > ngahimpun sadaya organisasi
> > > kasundaan atawa susundaan, gawe bareng, silih
> > wangikeun ulah silih
> > > rengkas. eta diantawisna nu didugiken ku pangersa
> > pupuhu pembina,
> > gan Iwan
> > > Sulanjana.
> > >
> > > cenah sok aya pajemuhan di jl. jati 42, Lengkong
> > da deukeut markas
> > Damas.
> > >
> > > acara saterusna hiburan, reog gembol, jeung
> > sajabana. jam 10an si kuring
> > > balik da sono ka budak.
> > >
> > >
> > > mj
> > >
> > > http://geocities.com/mangjamal
> > >
> >
> >
> >
> >
> >
>
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>


--
---- Koperasi Amanah Sunda -----
Terima pesanan, Jeket, sandal, sepatu, tas dll (kulit), oge nampi pesenan,
Ranginang Garut, Dodol garut, Wajit jjeng rea rea deui,
Order call --> 08128377662
=================================
Council King Empire of Pasundan
- King of Priangan
- King of Cirebon
- King of Banten
- King of Bogor raya
----------------------------------------
PT. Smarthub Technologies
-solusi sistem informasi yang tepat dan akurat-


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke