Oh...kitu kang Dudi, hartosna.....
  Janten tebih kaditu kadieu.....teu dengen teu baraya, mung 
nunggeulis.....sorangan tea, kitunya...!
  Nuhun kang, waleranana
   
  ipeut

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  Teh Tien,

kang Asep kapayunan ah, cukleuk dina kamus abdi mah teu kapendak (KUBS
KBSS), mung jigana cukleuk leuweung cukleuk lamping teh kinten-kinten
hartosna aya di tengah leuweung di sisi lamping (bagian gunung antara puncak
jeung tutugan), jauh kamana-mana. upami sintung hartosna kolokop mayang
kalapa, nu tos garing sok dianggo suluh.

biasana "cukleuk leuweung cukleuk lamping, jauh kasintung kalapa" sok
disambung ku: "lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka indung ka bapa". sapertos
nu kang AJ serat.

"cukleuk leuweung cukleuk lamping
jauh ka sintung kalapa
lieuk deungeun lieuk lain
jauh ka indung ka bapa"

kanggo kang AJ hatur nuhun koreksina, maksad nyerat nugeulis henteu nu
geulis teh meh ngaharib kana kecap nunggelis wungkul he he he he...

tabe pun,

deha
tukang ngabejaan bulu tuur


On 3/21/06, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Haturan kang Asep Juarna......damang..?
>   Nuju usum naon tah diditu...? tiris teu...!
>   "Cukleuk leuweung cukleuk lamping  jauh ka sintung kalapa" eta naon
> hartosna.....?
>
>   ipeut
>   (nuju sorangan dipayunen komputer)
>
> Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>     > cukleuk leuweung cukleuk lamping
>   > jauh ka sintung kalapa
>
>   lieuk deungeun lieuk lain
>   jauh ka indung ka bapa
>
>
>   Nyeratna rupina mah "nu geulis", sanes "nugeulis"...
>
>
>   "Nunggelis" jeung "nunggul pinang" teh "deukeut pisan hartina",
> pada-pada nyorangan, bedana "nunggul pinang" mah hartina teu boga atawa
> geus teu boga dulur sagetih ari "nunggelis" mah bisa oge hartina teh
> ngarasa nyorangan di pangumbaraan... Ah, eta oge ceuk rarasaan kuring...
>
>   AJ
>
>
>  ------------------------------
>



--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




  SPONSORED LINKS 
        Corporate culture   Business culture of china   Organizational culture  
   Organizational culture change   Jewish culture 
    
---------------------------------
  YAHOO! GROUPS LINKS 

    
    Visit your group "urangsunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 

    
---------------------------------
  



Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke