Kahatur baraya,-
 
Kuring hoyong nimbrung oge yeuh, sigahna pamohalan ari nyambung mah. Nalika kuring di lembur keur budak, "loma" pisan eta teh jeung anu di sebat Gedang teh, di kebon kolot kuring, di mana-mana meh liar eta tangkal gedang teh jadina, kusabab buahna mangrupi salah sawios kahakanan sasatoan, parebut bae jeng nu boga kebon. Di mana wae si sato "modol", oge mungkin kacandak ku cai leuncang, sareng suburna tanah Pasundan, atuh siki gedang teh"jadi" sacara alamiah. Buah gedang anu nyangkari mah mung gedang anu dipelak di halaman imah, da puguh kajaga. Hampir unggal isuk indung kuring sok meresihan halaman tina dangdaunan anu sebat "kalakay" diantawisna "palapah gedang" anu rag-rag lantaran dauna tos koneng, kaganti ku kembang anu bakal jadi buah, jeung aya pucuk palapah anyar. Anu sarupi sareng nu disebat "palapah" teh: palapah kalapa, disebat"barangbang", palapah jambe disebat "upih",  Tah palebah dieu palapah teh lain tangkal. Memang leres pisan sakumaha kang mh, tangkal sareng palapah gedang teh lebetna kosong molongpong upami dipotong. Hubungan sareng paribahasa "malapah gedang" teu kahartos kuring teu nitenan dugi ka dinya. Namung faham hartosna malapah gedang teh sakumaha anu diuningakeun ku wargi-wargi ti payun, mamgrupi sawalerna tina togmol, langsung kana pasoalan atanapi "to the point". Kitu bae manawi susuganan aya mangfaatna, wasalam.
 
baktos
tams. 

mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang RH, Kang AG

Sugan nyambung, rek ulubiung ngacapruk perkara malapah
gedang. Timana asalna, jeung naon untung rugina boga
kabiasaan komunikasi make cara malapah gedang.

Numutkeun nu katienan, baheula di lembur, upama bulan
puasa sok resep nyieung lodong, keur dibeledugkeun
make karbit bari ngabuburit nungguan wancina buka
puasa. Sok patembalan antara kampung jeung kampung,
patarik-tarik jelegurna. Salaha sahiji bahan lodong
teh nyaeta tangkal gedang nu geus kolot, geus kurang
buahna. Upama dipesek, tetela tangkal gedang teh
eusina manglapis lapis, timimiti lapisan jero nu
molongpong nepi ka lapisan kulit luarna.

Meureun ieu mah, kolot baheula, karuhun urang, waktu
nitenan konstruksi tangkal gedang, meunang ideu nu
hade. Yen salah sahiji cara ngawangun barang (opini)
teh bisa dikonstruksi kucara ngabuntel inti pasoalan
ku barang lain nu leuwih gampang karampa kulit luarna.
Upama hiji waktu diperlukeun ngaguar naon inti
pasualanana teu kudu diebrehkeun langsung eusina,
cukup ku dibuka kulit luarna, salapis demi salapis.
Kuanon perlu kitu, bisa jadi kulantaran inti
pasulanana sensitif. Pamustunganana, babasan "malapah
gedang, sindir sampir sindang siloka", dijadikeun
etika komunikasi ku karuhun US.

Jadi meureun, upama diringkeskeun, malapah gedang teh
hiji strategi komunikasi anu lantif. Lebah dieu
kaharti kunaon US nerapkeun eta falsafah. Ari US teh
apan kawaentar ku lantifna tea, sanes? Hehehe.

Ayeuna urang toong naon untungna strategi malapah
gedang ceuk toongan sains jeung teknologi. Keun we
nya, ngarah gaya, pan usum ayeuna mah, naon wae
pasualanana sok dikaitkeun jeun sains teknologi.

Sabenerna mah konsep "malapah gedang" lain ngan ukur
aya dina alam pikiran budaya US. Malah dina sains
jeung IT, konsep malapah gedang teh geus jadi salah
sahiji metode ngawangun produk IT. Conto dina IT,
sistem operasi (SO) nu dipake dina komputer urang
arsitekturna persis teu beda jeung konsep "malapah
gedang" tea. Ngan beda istilahna, konsep "kernel"
cenah. Logikana ampir sarua jeung "malapah gedang",
urang teu bisa terus migunakeuan komputer tanpa
ngaliwatan SO. Bagian paling jero SO (kernel tea) nu
boga hubungan husus tanpa salingkuh, teu bisa diropea
sacara langsung ku pamake komputer. Supaya pamake bisa
migunakeuan komputer, bagian kernel teh dilapisan ku
"shell" alias "palapah gedang" tea. Tah ngaliwatan
"shell" ieu, kakara aplikasi komputer nu dipake ku
urang sapopoe bisa digunakeun.

Kunaon make sistem "kernel" sagala? Salah sahiji
alesanana, nyaeta bagean jero mah kalolobaanana
sensitif. Supaya teu kaganggu sagawayah (kapupus,
karobah, jsjb), nya dibungkus ku "shell" tea.

Upama dititenan mah, sabenerna, konsep "malapah
gedang" teh taya lian ti sistem "birokrasi" tea.
Misalna, urang teu bisa kitu wae dina kaayaan formal
bisa nepungan hiji gubernur tanpa ngaliwatan
lapisan-lapisan protokoler nu diwangun di kantor
gubernur.

Meureun kitu oge. Hehehe.

Salam,
(mh)

--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, "Lodaya"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> > Sampurasun,
> > Malapah gedang, istilah jeung kabiasaan anu has,
> Sunda!
>
> Kang AG,
>
> Enya kitu Kang. Malapah gedang teh lawan na tina
> togmol. Teu langsung
> alias malipir tea.  Mun ti Amsterdam rek indit ka
> JKT tea mah, liwat
> Toronto, Beijing, Tokyo heula meureun nya ;))
>
> Tapi terus terang we, kuring ge kurang ngarti naha
> istilah malapah
> gedang anu dipake, dipikir2 teh bet teu kapikir
> geuning jujutan ieu
> babasan teh. Naon hubunganana antara malipir jeung
> palapah gedang? Anu
> jelas mah palapah gedang teh molongpong siga selang
> atawa pipa...
>
> Ah teuing teu kaharti, cik susuganan aya ideu?
>
> Deui... cik, cara komunikasi siga kieu alus atawa
> henteu?
>
> baktos,
> Rahman


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke