Oh. Kituw. 
Tapi hartina bedanya, kang;
LAWUH (Cirebon)= Dengeun sangu
LALAWUH(Garut)=batur 'ngopi'.
 
On Saturday 25 March 2006 3:17, mh wrote:
> Kang Dur,
> Di wewengkon Garut oge aya kecap "lawuh" teh, ngan
> geus dirarangkenan, jadi "lalawuh". Ari "lalawuh" teh
> hartina kadaharan enteng (makanan ringan) keur baturna
> "ngopi". Tah palebah "ngopi" oge, hartina lain ngan
> ukur nginum cikopi, bisa wae cai herang atawa cai
> enteh.
>
> Ari "lauk", dina harti sapopoe maksudna sabangsaning
> kadaharan anu asalna lain tina tutuwuhan, keur baturna
> kejo (hehehe). Jadi kadaharan/papasakan naon bae nu
> asalna tina sato hewan keur batur kejo, sok disebut
> "lauk". Memang kecap "lauk" aya harti lain, nu
> maksudna sato hewan nu hirup di cai. Kuring tacan
> manggih katerangan yen "lauk" serapan tina basa Jawa,
> apan di Jawa mah aya kecap lain "iwak".
>
> Jadi ringkesna:
> lalawuh = batur ngopi
> lauk = batur kejo
>
> (mh)
>
> --- durahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > tapi hentu berlaku mun wetan-na ngan sampe cirebon,
> > pih. Di cirebonmah kieu;
> > dengeun sangu=LAWUH
> > sasatoan nu hirup dina cai(hiji diantaran)=IWAK
> >
> > Panginten kitu, pih. Lauk dina basa sunda nu hartina
> > deungen sangu teh serapan
> > ti basa jawa/indonesia. Di imah kuring teu nganggo
> > kecap LAUK jang 'dengeun
> > sangu. Nganggona 'dengeun' wungkul;
> >
> > Mamah; "Pah, kaditu emam heula."
> > Papah; "Dengena jeung naon mah?"
> > Mamah; "Aya celem asem, Urab lembayung, jeung goreng
> > endong. Sambel tarasi oge aya."
> >
> >
> > On Thursday 23 March 2006 10:18, Siddik Wiradireja
> >
> > wrote:
> > > Jerman Niar [EMAIL PROTECTED]
> > >   Ari ngobrolkeun kecap "lauk" abdi sok bingung
> > > ngagunakeunana
> > >
> > > LAuk : sasatoan nu hirup dina cai ===>> ieu basa
> >
> > Sunda
> >
> > > lauk : deungeun sangu. ===>> tina bahasa wetan
> >
> > .../ssw
> >
> > > kumaha ngabentenkeunana?
>
> =====
> Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
> [Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke