Kang Deny, poe saptu kamari kuring "ulin" ka Garut, ka Kamojang.  
Sanajan lain kakara kuring ka Kamojang, ngan kamari mah rada 
istimewa, kuring nyupir sorangan, lumayan oge geuning rada keueung,. 
maklum jalanna naek jeung leutik. Tepi ka Kamojang, halimun dimana-
mana, tetempoan ngan bisa nempo ukur 10 meter. Eta halimun ti isuk 
tepi ka sore, na da teu leungit-leungit, angger we poek. Atuh jadi 
teu puguh, "ulin" ka gunung tapi teu bisa nempo pamandangan. Nu aya 
ngan tirisna wungkul. Mulangna rek make jalan nu ka Majalaya. Tunyu-
tanya, ka barudak nu marake motor. Ceuk barudak teh, bapa geus biasa 
lewat jalan dinya? acan, cekeng teh. Ari teu acan biasa mah, tong 
liwat kadinya, jalanna turun nurugtug pisan. Atuh balik deui ka 
Garut. 

Di Garut nyimpang heula kanu jualan jeket kulit. Ari sugan teh murah, 
geuning hargana teh ratusan rewu. Ngan inget papatah ti "urut" boss 
kuring, lamun aya nu jualanan barang karajinan /UKM, beulian cenah 
barangna. Tapi rek meuli jaket kulit mah tetep we " teu wasa", 
kapaksa we neangan anu murah, meuli gantungan konci tina kulit, 
hargana ....25,000.-.  ....

Kuring, hoyong ka Garut deui kaping 30 Maret, ngan eta geus janji 
jeung indungna barudak, nu hayang ka Sukabumi, pedah libur opat 
dinten. Janten wilujeng we kanu bade angkat, sareng wilujeng ka Kang 
Soni anu bade maen "Game" Sunda ....

Baktos,
WALUYA

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "denysuwarja2k" 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kuringkatitipan pesen ku Darpan:
> Cing kasabeh Babakan KUsnet, sabaraha urang anu rek ka Garut 
tanggal 
> 30 Maret tea.
> Ieu penting, Kang Darpan rek masak Nila, Sangu Tutug Oncom, Sambel 
> Ledok, Peuteuy jeung semur jengkol katut asin sepat...komo lalab 
mah!
> Pamajikan Darpan ngarah bisa ngajir pasakeun.
> 
> 
> Deny
>







Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke