S     A     T             U
Pisan....

totong usman <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Satujuuuuuuuuuu
Hayu atuh urang KUSnet ruwatan..........
Apan di babakan ieu mah saha wae teu kedah menak atanapi cacah, bade
ber"gelar" atanapi heunteu, bade di luar kota, jero kota, luar nagara jero
nagara sama sajjjaaaaah

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, March 27, 2006 12:37 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] re: Ruwat Sunda

Aya hiji deui, anu ku mang MJ teu disebatkeun perkara
"menak ayeuna". Salian ti beunghar (loba duit), teh
pan ayeuna mah gelar pendidikan, tiasa ningkatkeun
darajat hiji jalma. Komo deui lamun gelar eta beunang
ti paguron anu 'beken'. Pan ayeuna mah mani
ngajengjreng gelar teh, ti hareupeun ngaran (DRS. DR,
dr, Ir.), nepi ka tukangeun ngaran (SE, SH, MA,Ph.D,
MM, MLM, Sp.MK, MBA, S.Sos, M.Kom, SS, M.Hum).

keun wae, memang aya jaman-jamanna. Mun baheula, agul
ku turunan, ayeuna agul lamun beunghar jeung loba
gelar. Eta teh meureun ciciren, kumaha pandangan
masarakat kana hiji hal, anu sering sok "menyesatkan".



Padahal mah pinunjulna hiji manusia teh lain diukur
tina nu kitu, tapi akhlak jeung taqwa ka Mantenna.
(kitu sanes? ssaaannneessss)


Pasualan ageung ayeuna mah, anu kedah dipikirkeun,
nyaeta, kumaha para menak, para jalma beunghar, para
jalma anu "bergelar", jeung para jalma biasa, ngahiji
jadi hiji sinergi pikeun ngaraharjakeun balarea urang
Sunda.


baktos,

mrachamtrawyani


--- mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>
> ngabandungan pamairan ki dulur perkara ruwat sunda,
> tetela masih keneh
> baroga mental  uing mah lain menak. langsung masang
> identitas kelas cap
> bulu taneuh.  memang ti awal make bendera menak,
> sanajan dina ondangan
> acara teu aya, ngan make kecap wargi nu dina harti
> umum, kawargian,
> kulawarga hiji wewengkon nu katurunan menak.
>
> padahal si kuring, nu menak gadungan, noong lain ti
> soal kelas atawa
> kasta, tapi justeru eta oge salah sahiji cara
> ngaraketkeun urang sunda,
> nyaeta ku make jalur menak nu papada masih wawuh
> jeung menak wewengkon
> lain.
>
> da butuh teu butuh, pro-kon, sajarah teh dijieun
> atawa pangna aya soteh
> pedah aya kaum menak, jadi sajarah teh perkawis
> paripolah menak wungkul.
> mun euweuh menak mah, moal aya raja, karajaan, moal
> aya kabudayaan.
>
> urang ngefans ka prabu siliwangi misalna, pan PS oge
> menak. super menak
> malah da raja.
>
> menak dina konteks ayeuna mah ngan ukur pikeun
> nostalgila. ngaran
> kulawarga pikeun identitas tapi teu ngajamin nanaon
> deui ayeuna mah.
>
> tapi jalur menak sa tatar sunda bisa  pikeun jalur
> ngaraketkeun duduluran
> nu bisa leuwih hade, da pastina jadi jaringan jeung
> inohong ti unggal
> wewengkon, bari jeung boga hambalan nu sarua, papada
> nangtung dina budaya
> jeung identitas kasundaan nu jelas. turunan bupati
> sukapura, misalna,
> tangtu dipiharep jadi salah saurang budaya kasundaan
> bisa dipiara, sabab
> menak biasana jadi tempat ngawetkeun tradisi, atawa
> di kaum menak, kuduna
> tradisi budaya masih aya jeung dipake, kaasup ajaran
> moral. kudu jadi
> benteng pamungkas budaya.
>
> menak jaman kiwari mah -jaman demokrasi meureun,
> nyaeta nu beunghar, nu
> loba duit. geus lain deui turunan saha2na, nu
> penting beunghar loba
> duitna. sabab ekonomi oge boga kelas, siga kareta
> parahyangan, aya
> argogede, eksekutif,  bisnis, ekonomi.
>
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
>
>
>
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links








Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke