Satuju Teh Ika. Saleresna urang teh kudu reueus kana budaya sorangan. 
Reueus teh sanes hartosna ngarasa leuwih pinunjul tibatur. Sabab lamun 
hiji bangsa atawa etnis geus teu boga kareueus kana budayana sorangan, 
akhirna jadi "teu kaditu-teu kadieu". Maksad teh ...tiditu teu diaku, 
tidieu teu diangken ....lir ibarat langlayangan pegat benangna. Contona 
we teu tebih-tebih. Dina kasenian weh, sahebat-hebatna urang Indonesia 
maen musik barat, moal bisa ngelehkeun urang Barat sorangan. Kitu deui 
orang Barat, sahebat-hebatna orang Barat nepak kendang, moal bisa 
ngelehkeun urang Sunda dina nepak kendang ....

Baktos,
WALUYA


--- In urangsunda@yahoogroups.com, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Patarosan nu sok aya wae lamun maca, ningali atawa ngadangu sagala 
rupa ngeunaan Indonesia, dimana atuh masa depan Indonesia teh? Tapi teu 
kaci panginten upami urang skeptis wae. Naha urang oge parantos ngarasa 
reueus, ngarasa pinjunjul ku kaayaan ayeuna? Naon ukuranna? Cenah teu 
kaci urang ngan ngagogoreng bangsa sorangan, komo teu kaci pisan 
digogoreng batur mah, hehehe........
>    
>   ika
> 






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke