Leres pisan kang Misan....!
Tah ieu postingan kuring ditaplokeun deui.
 
UUD = Ujung Ujungnya Duit
KUHP = Kasih Duit Habis Perkara

Tah ieu mah rek ngabeberkeun pangalaman kuring, di SAMSAT Cimahi - Cibabat -Bandung. Sugan we aya karyawanna anu jadi milis didieu.

 Anyar keneh kuring mayar pajeg kandaraan, bulan Pebruari 2006.
Kuring mayar nurutkeun prosedur, malahan aya gambarna tata cara mayar pajeg.

Diuk cindukul aya kana sa jamna teu dipanggil-panggil ku kasir teh, ari BIRO
JASA / CALO mawa map satumpuk, asongkeun ka KASIR langsung ditarima harita keneh langsung mayar. Bari jeung eta BIRO JASA / CALO meni bebas pasuliwer kana meja patugas.

Bakat ku kesel, kuring langsung nanyakeun ka ibu Kasir teh, ari pek teh map
kuring aya ditukangeun si ibu Kasir, teu dipalire. Malirena teh nu aya DUIT leuwih.

Eta si ibu Kasir, nyebutkeun jumlah Rp....25.500,- lempeng jadi Rp... 26.000.
Atuh kukuring teh dikieukeun, " ibu yeuh aya 500 kadieukeun 1000", keur mah
teu dipalire dilicikan deuih. Ti saurang 500, lamun 1000 urang pan sidik mucekil..!

Emod Morales  

AA misan <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
Salam ka baraya Kusnet,
Ieu mah asli pangalaman pribadi alias kisah nyata. Lain fiksi. Opat minggu ka tukang kuring geus narima surat wawaran ti Tenn. DOT (Tennessee Departement Of Safety) Title & Registration Div. - Nashville,mun di Bandung mah Kantor Pelayanan Samsat, yen kuring kudu mayar pajeg mobil paling telat tanggal 30 April 2006. Tadi beurang
alhamdulillah kuring kabeneran keur nganggur pedah 'Spring Break'.Estu poe ieu mah teu kudu kokoreh oge teu kudu maca buku atawa ngingkig ka perpustakaan. Wah pokona mah tadi beurang bener-bener ngarasa jadi jelema bebas.Sapoe hidup tanpa beban tea, nu ceuk basa deungeuna mah 'Enjoying Myself' bin 'Having A Great Time' .  Basa rek kaluar imah ku kuring kareret surat ti 'samsat Amrik' nu ku kuring ditapelkeun dina kalender yen kuring kudu mayar pajeg bulan hareup . Ah teu basa teu carita si surat teh ku kuring dijewang maksud teh rek mayar pajeg mobil poe ayeuna najan  sa bulan keneh deui oge kana due-date na .Pikir kuring ngarah salse jeung kabeneran keur nganggur deuih. Bari sakalian ngopor hayam di warung Bangkok tukangeun kantor samsat pisan ,ongkoh beuteung geus kukurubukan hayang dieusi .
Teu sa parapat jam kuring geus nepi ka kantor pajeg kandaraan,  katingali ku kuring aya sababaraha welas wajib pajeg nu boga maksud nu sarua jeung kuring ,juljol ka eta kantor .Bus kuring ngasupkeun STNK heubeul jeung biaya pajegna. Teu kungsi lima menit ngaran kuring geus dipanggil.'Thank you,' ceuk mojang bule geulis jeung seungit bari ngasongkeun pelat nomer anyar nu masa berlakuna nepi ka April 2007. Ah kuring oge thank-you deui bari leos balik. Lima menit bereeessss, euy !
Meureun ceuk mojang Amrik mah sing saha bae nu aya di nagarana teh lain jelema cicing, padahal kuring mah harita keur nganggur.
Tah ayeuna mangga geura urang toong babarengan GALAMEDIA Salasa 28 Maret 2006 dina kolom Interaktif CeplasCeplos, aya baraya urang nu rek mayar pajeg mobil kudu ngadaweung cindeten en dipeuyeum heula di eta kantor samsat Bdg Tengah sababaraha jam pedah (jigana mah) teu nitah 'jelema nu dijero' alias abdi rayat (pulisi + Dispenda) . Beu kacida teuing ! Padahal si bapa teh rek mayar kawajiban, lain rek menta. Bener pisan yen spanduk nu ditulis 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN TIDAK MELALUI CALO/PERANTARA' teh wadul alias bohong badag ! Kuduna mah tulisan eta teh kieu yeuh 'BAYARLAH KENDARAAN ANDA DENGAN MELALUI CALO/PERANTARA'
Ngarah gancang anggeus !
Komentarna mah teu langkung baraya.
 
Baktos
Misan .
Tennessee-Amrik .

Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.


Apakah Anda Yahoo!?
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru!


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke