Kang emod, sapamadegan abdi atanapi di sukabumi mah khususna ditempat pangbibitan/pangabudidayaan lauk nyaeta di cisaat nu keur urang sa sukabumi mah eta tempat teh kasohor ku budidaya laukna.
Da nu kitumah sanes kancra tapi "koi", nu disebat kancra di sukbumi mah nyaeta lauk emas anu sisitna (sisik) rada jarang-jarang ngan dina sisikna teh aya totol-totol kakoneng2an, mun diragap teh lesang tur lemes pisan nyarupaan kulit belut da kusabab teu aya sisitan tea...
ah hanjakal kuring teu boga fotona, heu eh nu matak oge hese tea....
tos ah sugan we pamadegan soal lauk kancra teh sarua jeung balarea.... sa tatar sunda.... hahahahahahahahahahhahahahah....
 
Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Tah gambar kancra kang Kumi, sawareh ingon-ingon kuring !


Puspita Widyamulya <[EMAIL PROTECTED]> menulis:
kanggo naon poto lauk kancra?
baheula mah mun usum lebaran, sok milu (ka lanceuk) ka kuningan.. mun
geus di kuningan teu betah di imah, da bawaanna hayang wae ulin, ka
cirebon, atawa ka kuningan kota.. kungsi dibawa ka cibulan, lauk
kancra teh jiga oray sisitna, warnana abu-abu semu biru dongker..
disebutna kancra dewa.. da mun ngojayna teh teu daekeun misah ti nu
sejen, tapi di balongna sok diojayan oge ku barudak leutik, mun urang
ngalungkeun duit kencring, pada paboro-boro eta barudak teh
tareuleum.. ngan aya hiji lauk nu koneng (jiga si leungli), awakna
leuwih badag, mun ditilik-tilik dina huluna jiga mangrupa mahkuta.. ah
duka teuing ketang, ngan si lauk nu koneng eta teh sok ditutur2 ku
lauk kancra sejenna.. cnah lauk kancra dewa mah teu meunang didahar,
kungsi aya nu ngadahar, jaman baheula, langsung maot. Da urang dinya
mah teu aya nu wanieun ngadahar lauk eta. Eta mah dongeng ceuk nu
ngurus cibulan we, duka teuing enya henteuna mah, da cnah deui lauk
kancra dewa teh lauk kajajaden..
Matak geura amengan atuh ngke ka Kuningan, bade??

~ipup~

--- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Manawi aya nu kagungan poto lauk kancra (kancra naon bae, bade nu ti
> Cibulan, ti kulah nyalira, atanapi kenging ngecrik di walungan ge),
> simkuring mah cekap ku potona ge... Nyaan ieu mah, wios dijapri ge...
>
> jk






SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture

Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke