Salam sono atuh kang..!, lain geus lami tara laha-loho ka kusnet.
Kang..! aya teu hasiatna koneng gede keur ngalangsingkeun tubuh,  mun aya kumaha tah ngaramuna...???
 
ipeut
(keukeuh hayang langsing...hese)

yr32 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam manis,
maniiiiissssssssss.....salam ti kuring

Daramang baraya?
Lami teu ngulampreng ka lembur, sanes somseu mung pakepuk sareng
eusi padaringan jada pabetekan teu puguh urus.

Boga bimbingan mahasiswa S3 si calon doktor saurang, S2 si calon
master saurang, jeung 4 S1 si calon Bachelor tea.

Ngajar anger judula "Advance in Bioactive Compound", resep ngacacang
mere kuliah kasiat koneng gede, peuteuy, antanan, picung, daun
kahitutan, jeng rea-rea deui, hiji-hiji molecules aktifna
dikaluarkeun, disusun struktur kimiana jeung diuji kasiatna, nyaan
tutuwuhan Ki Sunda mah ceuyah, ceuyah ku kasiat. Ngan hanjakal
anakna sorangn dalurjana, mangga bae tingali gunung gundul, pasir
bulistir, kebon molongpong, tegalan ngatrak, deudeuh......

Tutuwuhan Ki Sunda nu aya khasiatna ku kuring dimamat-dimeumuet di
Korea, diasupkeun pana imah kaca, suhuna diatur, aliran udarana
dimeujeuhnakeun, mahal siah deuleu...biaya ngarawatna, tapi naha ari
di Wewengkon Sunda nu geus puguh imah balena bet teu diwalurikeun?

Cag,
Tungtung Seoul






YAHOO! GROUPS LINKS





Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke