Ngiring ngamairan...

Aya istilah SAMSAT (SAMa-sama bangSAT) Lebetna teu Pulisi wungkul sanes? Pegawai PEMDAna ge aya heheh….sareng sanes di Kepolisian wungkul, ampir unggal tempat pelayanan rahayat tos "ilaharna" kitu, duka saha nu ngamimitian... hese pisan ngalereskeunana.

 

Saleresnamah kaayaan ieu teh teu sadayana kalepatan Pulisi, da rahayat ge lepat.

Sanes rusiah deui, Pulisi mung ngajalankeun tugas wungkul bari hoyong aya “leuwihna” keur maranehanana keneh heheh… Barinage teu sadayana Pulisi kitu…Pulisi ge manusa aya nu bener aya nu salah komo bari jeung sarakah.

Etamah gawean sakadang “oknum” tapi teu hiji, atanapi dua, ampir sadayana…. hese milarian nu benerna.

 

Seuseurnamah urang Indonesia teh resep ngukut panyakit “Hoream” sareng resep pisan sulap “Sim Salabim! Abrakadabra!...STNK & SIM jadi..”. Kumaha carana supaya tereh jadi, nya ari teu nganggo artos pasti aya kenalan…

Pami urang nu janten rahayat kompak sadayana disiplin kersa ngantri, kersa ngantosan, kersa ngajalankeun sakumaha nu aya dina prosedur, tong masihan kasempetan ka Pulisi kanggo nampi artos “leuwihna” , masihan kesempetan ka Pulisi janten jalmi nu sae teu redep kanu artos haram InsyaAlloh bakalan beres… tapi jigana kaayaan ieu mung aya dina acara MIMPI KALI YEEE….

 

ros.



>>> [EMAIL PROTECTED] 03/28/06 02:50PM >>>
Kuring mah sering dieera jeung dipoyok ku sobat bule nu sering pulang anting Amrik-Bali-Tasik pedah boga usaha kerajinan tangan jeung ukir Bali cenah mah naha nagara Indonesia nu pang lobana Muslim  sa dunya 'ngahalalkeun' korupsi jeung sugak-sogok dina ampir sagala bidang bisnis. Kuring tara ngajawab, malah seseringna dipengparkeun kana pasualan lain sangkan si bule sobat kuring teu moyok bae.Najan enya oge nagara urang keur amuradul, kuring mah teu rido dipoyok jeung dilelece ku bangsa deungeun. Atuh mudah-mudahan isuk jaganing pageto mah teu kieu-kieu teuing.
Jigana mah (boa enya) 'kondisi' Samsat Bdg Tengah oge digegedugan ku gegedugna.Da teu mungkin dimimitian ti handap mun seug pamingpinana baleg.Sakieu heula ah, tunduh ! Tos bade jam tilu peuting ongkoh .
 
Misan .




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke