Wa'alaikumsalaam...

Teh Tien, najan sabenerna kuring mah teu kompeten dina masalah damel-mendamel ramatloka/website, hatur lumayan aya iber sakedik (bari iklan, ngiklankeun batur, heuheu...)

Upami urang hoyong gaduh ramatloka (kanggo lembaga mah tangtosna langkung sae bentukna formal, sapertos anu dicontokeun ku Teh Tien di handap), aya sababaraha cara. Cara anu paling gampil mah masrahkeun ka batur, kawas kasus heboh proyek 'pengadaan' ramatloka pamarentahan daerah/lembaga pamarentah, nu danana tiasa dugi ka milieuran. Heuheu...

Kanggo conto mah, teu kedah tebih2, pan kusnet ge gaduh ramatloka resmi, www.urang-sunda.or.id tea. Ngan, kumargi ngokolakeunana ngandelkeun sukarelawan, beaya nu diperyogikeun resmina mah teu ageung teuing, 1-2 jutaan per taun (panginten, nya Kang Eko?). Kanggo langkung jentrena mah, ke sugan Kang Eko tiasa maparin bongbolongan kumaha2na. Atanapi, bilih bade sakantenan, tiasa nyobian naroskeun ka www.pasundan.net (misalna) nu nyayogikeun layanan webhosting.

jk

4/15/06, indung peuting < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum....
 
Haturan baraya, nuhunkeun pitulung manawi aya anu terang kumahanya carana ngadamel web site nyalira kanggo sakola..? sapertos kieu http://smpbudisejati.net atanapi www.smpbudisejati.co.id. Atanapi kumaha tah saena upami kanggo sakola..? Anu dipikahoyong ngadamel alamat email tina web site eta.
 
Saurna kedah mayar, kamananya mayarna...? sabaraha tah mayarna..?punten wae  si teteh awam pisan kana widang IT teh. Sanajan sagala awam, hoyong majengkeun sakola teh tina widang ITna, meungpeun disaluyuan ku kapala.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke