Ehm !
Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..

Ngemutkeun deui ka baraya Kusnet bilih hilap, ngabejaan 
ka baraya nu nembe uninga.

Dina raraga ngabageakeun salah sawios baraya Kusnet 
anu bade sumping ti Texas nyaeta Teh Netty Martin,
dibewarakeun yén bade diayakeun acara Kopdar / Silaturahmi
nu Insya Allah badé diayakeun dina :

Dinten Minggu ping 30 April 2006
ngawitan tabuh 09.00 énjing dugi ka leuleus.
di bumina Teh Ani Puspita / Kang Ikmal :

Bp. Hamim
Parung Hilir Rt. 16 Rw. 06
Kel. Parung - Subang

Rute:
-------
upami angkutan umum mah, ti Jakarta nganggo kampung rambutan - Subang,
lungsur di terminal subang ongkosna 15 rb upami AC, teras naek 
angkutan jurusan Tonggoh ongkosna 3rb, lungsur di warung kadu, nae 
ojek ka bumi ongkosna 4rb. Upami ti Bandung, naik jurusan subang ti 
terminal ledeng ongkosna 10rb, lungsur di warung kadu naek ojek 4rb.

Acara : 
  - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
  - Diayakeun puisi sunda, ngadongeng, ngabodor, pantun, sisindiran 
    jsjbtepnm (jeung sajabana ti eta lah pokona mah)
    pokona acarana seuseurian we..
  - HARATIS / teu kedah mayar, cekap ngabantun patuangan kosong.
    Aya katuangan sunda + Domba gulang guling
  - Disayogikeun rupi-rupi Door Prize oleh-oleh ti Texas kanggo nu 
    sumping oge hadiah keur nu ngiring lomba.

Kukituna, sim kuring seja ngulem ka SADAYA anggota Kusnét katut 
kulawargina, sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan sadayana 
dina waktosna. 

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.


Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.


-Ndoell-
tukang wawar

hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]




* PENTING !!! *
--------------------

Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa  
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél : 
[EMAIL PROTECTED] atanapi dialungkeun ka Milis :

FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA KOPDAR SUBANG
30 April 2006

Ngiringan : Bade / Moal (pilih*)

Nami :.....................................................
Padumukan :................................................
I-mél :....................................................
No. telpon / Hapé :........................................
Jumlah nu bade sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
********************************************************************
ieu konfirmasi diantos dugi ka kaping 20 April 2006



Samentawis, anu parantos Konfirmasi diantawisna :
-------------------------------------------------------------------
- Kang Toni Sofyan,  Cikarang, 1 dewasa
- Kang Iim Ruhimat, Bandung, 2 dewasa, 2 murangkalih
- Kang Yayan, Subang, 3 dewasa
- Kang Akos Kosasih, Jakarta, 2 dewasa, 2 murangkalih
- Mang Jamal, Bandung, 1 Dewasa
- Mang Oman, Bandung, 1 Dewasa
- Uwa Sasmita, Bandung, 1 Dewasa
- Kang Agus Paku Sarakan, Jakarta, 1 Dewasa
- Kang Didin, Bandung, 1 Dewasa
- Kang Irpan, Jakarta, 1 Dewasa
- Teh Imas, 2 dewasa, 2 murangkalih
- Teh Giawati, cikarang, 1 dewasa
- Teh Nurlidya, cikarang, 1 dewasa
- Teh Tia, Depok, 1 Dewasa
- Teh Mia, Bogor, 1 Dewasa
- Teh Iva, Bandung, 1 Dewasa
- Teh Linda, Bandung, 1 Dewasa
- Teh Wida, Bandung, 1 Dewasa
- Teh Lidya, Bandung, 1 Dewasa
- Teh Anita, UPI-Bandung, 3 Dewasa
- Teh Tatat, Bandung, 1 Dewasa
- Kang Ono Taryono, Bandung, 2 Dewasa
- Kang Deny Suwarja, Garut, 8 Dewasa
- Kang Hendri, Cikarang, 1 Dewasa
- Kang Surya, Cikarang, 1 Dewasa
- Kang Emod Morales, Cimahi, 2 Dewasa, 3 murangkalih
- Uwa Tito, Surabaya, 1 Dewasa
- Kang Tatan, Bandung, 4 Dewasa
- Kang Tirta, Jakarta, 1 Dewasa, 2 murangkalih
- Kang Kumi, Bandung, 2 Dewasa
- Kang Dudi, Bogor, 1 Dewasa
- Kang Coyan, Bogor, 1 Dewasa
- Kang Hendra, Bogor, 1 Dewasa
- Kang Hadi, Bogor, 1 Dewasa
- Kang Otong, Jakarta, 1 Dewasa
- Teh Ika Mardiah, Bandung, 2 Dewasa
- Kang Endang Supriadi, Jakarta, 1 Dewasa
---------------------------------------------------------------------

Kirang langkung 58 Dewasa, 9 murangkalih

saha deui...saha deui........
nu ka subang...subaaaaaaang ...subaaaaaang....
kosong keneeeeeeh......






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke