Saleresna dina mangsa anu utami-mah sok aya baraya ti dayeuh ageung boh ti bdg atawa ti jakarta anu ngahaja momotoran ka basisir cianjur palebah kidul teh, malihan-mah pami teu lepat dina sasih maret kamari (asana ieu oge kang...hehehehe) aya kurang leuwih 100 motor trail anu ngayakeun konvoi nepi ka basisir.
apal soteh pedah harita waktu kuring keur nganjang ka lembur ninggali motor trail ngaleut terus ngeusian bbm di sukanagara.
Panuju sareng wa Siddik, sigana ari hurang karang-mah kiwari teh geus tinggal kenangan wungkul, nya kitu deui lauk layur na oge, ayana teh ngan keur usum-na wungkul.
 
Kangge uwa Siddik, pami uwa rorompok dimana? geuning meuni eces apal pisan kondisi pakidulan cianjur...
 
hatur nuhun.
 
Dian Ardiansyah
08138 01 7 1943
 


From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Siddik Wiradireja
Sent: Wednesday, June 21, 2006 4:21 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: RE: [Urang Sunda] Tumaros kaayaan jalan Cianjur selatan

Wios teu janten oge...
saena mah upami kaditu teh nganggo motor biasa ulah scooter..
mulungan hurang karang.....??, mimpi kaleee.....eta mah atuh sabaraha puluh tauh kapengker..
nguseup layur...??, tah upami nuju usumna mah, sok rame...
kedah nyewa parahu, upami teu lepat taun 2004, sewana antawis 300~400 rebu sadinten....
saleresna ti Jayanti tiasa bablas ka Pameungpeuk, Garut, upami nganggo motor mah ngalangkungan
jalan Leuweung Sancang (kitu..??)
 
ssw

Nana Tea [EMAIL PROTECTED]
Haturnuhun Kang Dian
Haturnuhun Apih Sidik
Satadina mah sim Kuring hoyong Camping di Jayanti ,mulungan Udang Karang, ngusep lauk Layur
ceuk kahayang mah, ti Batawi kaditu numpak scooter, terus damel tenda sisi laut
Pami di jalan Tanggeung - Binong seueur leuwi mah, mendingan teu  cios we ah
Karunya Sukuter
 



Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke