Masih aya terasanana?

Enjing wae nya bah, dilajengkeunna?

Tos sonten yeuh ek siap-siap balik

 

Jadi panasaran euy .. .. ..

Hepi ending teu?

 

-wass-

bowie

 

 

-----Original Message-----
From:
urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of waluya56
 Subject: [Urang Sunda] Neangan anu Leungit (3)

 

Poe kalima, ti saprakna kang Deden leungit, rombongan SAR mangkat ka

lokasi. Kuring ngiclik tukangeun. Di sisi jalan kuring tempa-tempo.

Loba tapak sato, tapakna galede. Tanaga lokal nu bareng jeung kuring

ngomong, eta tapak ontohod (biruang). Anyar keneh, cenah, paling oge

peuting ngaliwatna. Kuring ngagebeg, lamun tadi peuting kuring maksa

indit ......wah meureun pasanggrok jeung mangkeluk ieu teh.

 

Waktu tepi ka kemah, kasampak tim kuring geus kumpul kabeh. Kaasup nu

misah waktu ngamimitian survey. Jang Tatang adina Kang Deden geus aya

didinya. Atuh nu minangsraya ka katurunan Sultan Sambas oge geus datang

tiheula. Tim SAR langsung nyisir lokasi. Ari kuring mah tetep di kemah.

Herwan nu ditugaskeun ka karaton Sultan Sambas, nembongkeun botol

eusina cai, meunang ngajampean ku turunan Sultan Sambas. Eta cai teh

kudu diawur-awur di lokasi. Ceuk kuring teh, geura awur-awur atuh cai

teh. Nya diawurkeun, wur .....wur .....kaditu-kadieu, mudah-mudahan

Kang Deden kapanggih tur salamet.

 

Tepi ka sore, Tim SAR apruk-aprukan neangan, weleh kang Deden teu

kapanggih. Operasi SAR, kapaksa dieureunkeun heula, kaburu peuting. Ti

pepeuting aya Kopral ngajak ngobrol. Urang Jawa. Manehna kacida

hormatna ka Pa Ampi. Ceuk manehna Pa Ampi mah urang Banten, teu teurak

ku pelor. Waktu di Timtim oge, batur mah dararepa, pa Ampi mah nembak

teh nangtung we. DOngeng Kopral ieu, teu ditaroskeun deui ka Pa Ampi.

Maklum kuringna ge keur tagiwur, teu puguh pipikiran.

 

Poe kagenep, neangan Kang Deden, dipaju deui. Tapi tepi ka sore, teu

ngahasilkeun nanaon, kitu deui poe katujuh. Pa Ampi di poe katujuh,

mimiti nyebat-nyebat ayana mistik, kakuatan gaib. Ceuk cohagna mah Kang

Deden teh ku jurig. Teuing kumaha, ngareungeu kitu, meureun kuring geus

frustasi, kuring ngomong satengah ngajorowok, make basa Sunda :"Lamun

aya jurig didieu, geura hol sia hareupeun aing, aing moal sieun ku sia!"

 

Pa Ampi molohok ka Kuring, kuring ge ngagebeg naha bisa ngomong kitu.

Tapi da geus kaluar omongan, nya hate teh pasrah we, upama wae aya

mangkeluk gaib anu datang. Peutingna euweuh kajadian naon-naon, sanajan

rarasaan teh leuweung asa beuki rame ku dedengean. Aya sora nu siga

awewe nyikikik, aya sora nu gegereman bareng jeung sora kai nu

potongkeun. Pokokna rupa-rupa dedengean.

 

Kuring murungkut dibulen sarung, rada hemar-hemir ku omongan kuring

tadi sore. Keur kitu, korosak, cenah aya sora dikolong kemah. Ceuli

kuring dirancung-rancung, kokorosakan beuki jelas kadengena. "Ah ieu

meureun jurig teh", kuring beuki sawan. Kop kana senter, beungeut

babaturan nu keur sarare, disenter, keur nyalalegrek sare. Kuring nempo

kaluar kemah, poek meredong. Senter disorot-sorotkeun, euweuh nanaon.

Na ari barang disorotkeun ka kolong tina liang nu melenge, kuring

ningali aya panon hurung dikolong kasorot senter. Ngagebeg, tadina rek

ngagorowok, ngan pikiran jalan keneh. Sato ieu mah, lain jurig, sabab

panon sato lamun kasorot lampu, sok hurung. Panon nu hurung teh ngiles,

dibarengan ku sora korosak-korosak ngajauhan. Alhamdullilah tepi ka

isukna deui ....euweuh kajadian nanaon.

 

 

Baktos,

WALUYA   

 

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture


YAHOO! GROUPS LINKS




__,_._,___

Kirim email ke