Cep ..  cep .. cep

Tos ulah ceurik, ke bilih batal shaumna

Euleuh geuning kalah beuki tarik ceurikna ..

Cep cep cep .. .. tos kitu ulah ceurik deui

Ke dipangdu’akeun mugi ki nata tiasa boboran di lembur

+tiket haratis (duka timana) .. .. AMIN

 

-wass-

bowie nu bingung teu gaduh lembur

lahir di jakarta

sakola di banjar-ciamis

ayeuna di tangerang

ari ceuk ceunah mah asli urang jawa tapi can pernah apal lembur aki-nini

euh .. .. jadi milu sedih euy .. ..

 

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of S M Natapradja
 Subject: Re: Balasan: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 (2)

 

!!!!!!!!ooaaa...oaooaa....ooooaaaaaa...............

!!!!!!!!Hoyong ngiringannnnnnnnnnnn..........................

!!!!!!!!Kabitaaaaaaaa...............................

!!!!!!!!Nyeri hateeeeeeeeeeee...............jauhhhhhhhhh

!!!!!!!!Panassssssssssssss................

!!!!!!!!Sirikkkkkkkkkkkkk............

!!!!!!!!Tobattttttttttt.........

Duh meni bahagia anu aya di lembur mah sareng meni teras2an,

!!!!!!!Sedihhhhhh........hik...hik...hik......( baru jeung napsong hoyong jut wae lumpat ka lembur )

 

K Nata

 

----- Original Message -----

From: amin mina

Subject: Balasan: [Urang Sunda] Uleman Halal Bihalal Kusnet 2006 (2)

 

ndoell <[EMAIL PROTECTED]> menulis:

Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
Baraya Kusnet sadayana,

Sapertos anu dibewarakeun sateuacana yen dina raraga boboran
siam 1
syawal 1427 Hijriah, bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2006
nu Insya Allah diayakeun dina :

Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 4~5 Nopember 2006
ngawitan tabuh 11.00 énjing dugi ka lekasan
di Pasantren Keresek - Cibatu, Garut

Acara :
- Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
- Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
- Kusnetvaganza
- begadang bari siduru, meuleum jagong, Domba Guling, jste..

Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét
sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana kasumpingan
sadayana dina waktosna.

Haratis, teu kedah mayar.

Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
diantawis baraya Kusnet sadayana.

Sakitu anu kapihatur,
Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.

-Ndoell-
Panitia (hususon tukang wawar)

hapé : 08129056192
imel : [EMAIL PROTECTED]com

* PENTING !!! *
---------------

Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
rupina, ka sadaya baraya Kusnet disuhunkeun rido galihna kersa
ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
[EMAIL PROTECTED]com atanapi dialungkeun ka Milis :

----------------------------------------------------------
FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2006
4~5 Nopember 2006

Ngiringan : Bade Insya Allah

Nami :...Amein Mina..................................................
Padumukan :.Bogor -Ciamis...............................................
I-mél :[EMAIL PROTECTED].........................................
No. telpon / Hapé :.0811-959177.......................................
Jumlah nu bade sumping : ..2... dewasa & ...1. murangkalih
Kendaraan :  Mobil  Umum

----------------------------------------------------------

énbé :
Anu parantos ngintun konfirmasi bade ngiringan diantawisna;
- Kang Ucep, Garut, 10 Dewasa, Mobil
- Kang Reka, Malaysia/Bdg, 2 Dewasa, Motor
- Teh Farida, Serang/Banten, 2 Dewasa, Mobil
- Neng Nathalia Sania, Jakarta, 1 Dewasa, Umum
- Neng Dewi Silvie, Jakarta, 1 Dewasa, Umum
- Kang Ono Taryono, Subang, 2 Dewasa, Umum
- Om Teddy, Subang, 2 Dewasa, Motor
- Kang Ikin Mutataqin, Kuningan, 1 Dewasa, Umum
- Kang Badrudin, Jakarta, 1 Dewasa, umum
- Kang Cepi Al-Hakim, Bogor, 2 Dewasa + 3 murangkalih, Mobil
- Kang Bowie, Tangerang, 4 Dewasa + 4 murangkalih, Mobil
- Teh Roro, Bandung, 2 Dewasa, Mobil
- Kang Darma, Sumedang, 2 Dewasa, Umum
- Mang Jamal, Bandung, 1 Dewasa (samentawis), Mobil
- Teh Ika Mardiah, Bandung, 2 Dewasa, Mobil
- Kang Tantan Hermansyah, Bogor, 2 Dewasa

...........nu sanesna mangga nambihan..

Informasi nu sanésna :

* Tempat Halal Bihalal *
------------------------
Di Pasantren "Keresek" Cibatu, Kab. Garut

*Bazaar*
--------
Baraya Kusnet/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnet
nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
kanggo konfirmasi.

*Sumbangan*
------------
Bilih aya nu bade masihan sumbangan disayogikeun kotak sumbangan,
atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri kanggo konfirmasi.

* Susunan Panitia Halal Bihalal*
--------------------------------
- Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
- Penasehat : Uwa Sasmita, Mang Jamal, Kang Tirta Wijaya, Kang Akos
- Pupuhu : Kang Ndoell
- Tukang nyatet : Teh Tia
- Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
- Seksi Humas : Kang Runa
- Seksi Acara : Kang Darpan, Kang Syam Ridwan, Kang Ikmal
- Seksi Konsumsi : Teh Enung (istrina kang Deni)
- Seksi Akomodasi/peralatan : Kang Deni, Kang Kumi & Kang Agus
- Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie
- Seksi Ingkig / Umum : Kang Irpan, Kang Kamal, Kang Dudi,
Kang Hendra, kang Yayan, Kang Ega & Kang Hadi
- Registrasi & Panampi tamu : Teh Eeya, Teh Mia, Teh Gia & Teh Iva

---..tos ah cangkeul..

 

__._,_.___

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id





SPONSORED LINKS
Culture change Corporate culture Cell culture
Organization culture Tissue culture

Your email settings: Individual Email|Traditional
Change settings via the Web (Yahoo! ID required)
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe

__,_._,___

Kirim email ke