aya naon yeuh sayah sabit-sabit
o o o .. .... aya baraya enggal,
monggo mas Bas .. ..
nepanganken kulo Bowie
asli tiang jawi mung lami di tatar sunda
Alhamdulillah ditarima ku baraya KUSnet
sawios sok di"curigai" mata-mata mataram oge .. .. he he he
 
ceuk ceunah jaman baheula mun aya prajurit mataram datang sok aya morse
sapertos ieu
"jaleuleu ja .. .. jaleuleu ja .. .. "
kitu ceunah .. .. he he he
 
janten sakapeung sayah mun ek asup sok gogorowakan
"jaleuleu ja .. .."
 
monggo diterasaken
mangga dilajeng
 
-wass-
bowie asli urang jawa nu reueus diangken USA

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Kang Ule
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun


Haturan kang Bas aka Kang Asep,
mangga sing betah di Lembur Bakus, teu sawios wios kang sanaos sanes
Sunda Pituin oge nu penting mah "SUNDA" kitu..sapertos kang Bowie, sim
kuring nyalira oge da 25% jawa. enya pun biang teh turunan Solo.
 
sakantenan nepangkeun sim kuring wasta mah Cecep Wahyu, kawit ti Cicadas
( Gg. Sekepanjang ) pengkereun SD Gadis. saleresnamah kalebet Cikutra
keneh tapi duka beut katelahna Cicadas?
 
mangga kang sing betah, geura guar sagala pangalaman..
 
*Ule

 
On 12/4/06, Muhammad Basuki <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

Sampurasun...
nepangkeun pribados anggota enggal, nami Muhammad Basuki, sanes Sunda 
pituin da pun bapa mah ti Jogja pun biang ti Garut, wios nya... 
Padumukan di Cikutra Bandung.
Kumargi ditakdirkeun borojol di tanah Sunda, nya... kedah Nyunda 
panginten. Hapunteun bilih dina babasaan seueur lu lepat.
baktos,
Muhammad Basuki alias Asep27

.
 

Kirim email ke