Aya dua sobat dalit tileuleutik. Nu kahiji panon na lolong tapi awakna bedas, 
jagjag tur waringkas, Nu kadua lumpuh tapi panon na awas jeung cekas. Ieu dua 
sobat lamun kamamana estuning paduduaan wae, lamun ceuk budak sakola teamah 
simbiosis mutualisme cenah, pedah biasa iinditan bareng ku cara nu lolong 
ngagandong anu lumpuh. Ari nu lolong salaku supir, sedengken ari nu lumpuh jadi 
navigator na (naonnya ari basa sunda na navigator baraya?..).
   
  Dina hiji mangsa, basa poe minggu isuk-isuk rek mariluan senam ka alun-alun 
maranehna meuntas jalan raya. Keur asoy-asoy ngalenghoy na meuntas, dumadakan 
aya nu numpak motor bari teu dihelm mangpreng ngebut sataker kebek. puguh we 
atuh nu lumpuh teh jadi reuwas, rumasa dipercaya salaku navigator nya kudu 
ngabejaan kanu lolong yen aya motor anu ngebut pibahayaeun.. bari ngagerewek.
   
  Nu Lumpuh:"Geuwat lumpat, urang bisi katabrak!"
   
  Nu Lolong:"Aya Naon?" ceuk nu lolong bari reuwas.
   
  Nu Lumpuh:"Aya motor bayangan!"
   
  Dasar geus sahate, atuh nu lolong oge rikat nyingkilkeun calana sabari luncat.
   
  Nu Lolong:"Ciaaaaaaaaaaaaaaaaaaaat....!", Gejlig.., soledat..!, gudubrag..!
   
  Nu Lumpuh:"Hah.. hahh.. haaahhhh...", Renghap ranjug, Nyuksruk nonggeng 
kasungkur mecleng ka jauhkeun..
   
  Nu Lolong:"Jadol teh.., saha cenah jalmana nu miceun cangkang cau 
sambarangan..!?!!?*&[EMAIL PROTECTED] ", Ngageblug.., ticatok gado bari sirah 
pinuh ku kebul taneh. Sabari ngusapan taneuh dina buuk, nu lolong gegeroan ka 
sobat na, da bisi kumaha onam.
   
  Nu Lolong:"Silaing dimana, teu kunanaon...?"
   
  Nu Lumpuh:"Ampuuuunn..., aing mah.., didieu hareupeun nyaneh", masih keneh 
nonggeng bari ngalieukeun sirah nempo ka sobatna nu lolong, terus nanya oge.
   
  Nu Lumpuh:"Ari didinya kumaha, teu kunanaon..?"
   
  Nu Lolong:"Puguh.. keur mah panon aing lolong, der kapeureungpeunan..ku kebul 
taneuh..", bari gigisik kana panon na.

  Ku sabab panon masih keneh kapeureungpeunan (can cageur).., tuluy nyarita 
deui kanu lumpuh.
   
  Nu Lolong:"Cik euy pang niupkeun panon aing..!, sugan cageur..", ceuk nu 
lolong menta harepan.
   
  Nu Lumpuh:"Sok atuh kadieu ngorondang..!, ngadeukeutan ka aing..!"
   
  Ari geus dititah ku sobatna kitu mah.. ngorondang we nu lolong teh 
ngadeukeutan nu lumpuh.
   
  Nu Lumpuh:"Eup...!, Eeuuup...!, cicing didinya..!"
   
  Nu Lolong:"Sok atuh geura tiup..!, dua nana nya..!"
   
  Nu lumpuh:"Ke atuh sabar sakeudeung....!", ceuk nu lumpuh, bari ngusahakeun 
maneh malikeun sirah supaya sanghareupan jeung nu lolong. Tapi atuh da ari nu 
lumpuh ngaran na oge baraya.. teu walakaya.. malikeun awakna-awakna acan.
   
  Nu Lolong:"Iih.. aya ku kaleked ari nyaneh..?, burukeun aing geus teu kuat!"
   
  Nu Lumpuh:"Pek atuh.., ari hayang geura mah ku aing ditiup!", Tembal nu 
lumpuh bari ngaheujeun lalaunan.
   
  Nu Lumpuh:"Cesssssss..!, Cehhhhhhh..!, cessssssssssss...! Hsssssssssss...!, 
Heup.. Cageur lah..!", ceuk nu lumpuh terus nanya.
   
  Nu lumpuh:"Kumaha karasana..? cageur..?"
   
  Nu Lolong:"Heueuh cageur aya mendingan..., tapi kunaon nya?", ceuk nu lolong 
nembal bari ungsa-angaseu.
   
  Nu Lumpuh:"Kunaon kumaha?.."
   
  Nu Lolong:"Sungut sia mah bau tai..?!?!*&#$(@)#.."
   
  Nu Lumpuh:":)", seuri keom bari ngahenen tur nyarita dina jero hate na, 
"Bongan we atuh teu sabaran, Nya ku aing kapaksa dihitutan :) !, Omat baraya 
nya tong dibejaan yen sobat kuring kapeureungpeunan panon na cageur teh lain ku 
ditiup tapi ku hitut!" 

  Baraya:"keun wae lah da sieta mah teu ninggalieun ieuh :)) !"
   
  cag ah,
  
Wawa

 
---------------------------------
Any questions?  Get answers on any topic at Yahoo! Answers. Try it now.

Kirim email ke