Timanan diudag ku tukang bajigur…rék lumpat kamana deui iwal ti 
kadinya? Kaayaan astana nu pikasieuneun, hieum jeung geueuman, 
maklum astana heubeul ti jaman Walanda kénéh. Salian ti tatangkalan 
nu leutik, geus puguh tangkal Samoja mah, loba pisan tatangkalan nu 
gedé kayaning Jati, Mahoni jeung Caringin nu geus jaranggotan 
diselang seling ku eurih.

Di kéncaeun si Jay katénjo aya gundukan taneuh beuereum, diluhurna 
loba kembang rampé saleger kénéh…makam anyar. "Alah siah! Karék 
inget ayeuna téh malem Juma'ah Kaliwon!" gerentes si Jay jero haté. 
Keur jempling-jempling téh…cungungung…sora anjing leuweung ti 
kajauhan. Puringkak…bulu punduk si Jay 
muringkak...belesat!...gorobas! Asa aya nu luncat di tukangeun. Si 
Jay culang-cileung bari angger muringkak bulu punduk…
miiiiawww…"Bedus! Ucing geuning!...Husss…nyingkah kaituh!" ceuk si 
Jay.

Si Jay leumpang gesat-gesut ngajauhan makam nu anyar téa…cungungung 
deui sora anjing leuweung…"Auuuuugggggg….waawww…" Si Jay ngagurubug, 
bari puriding… muriding saawak-awak. Teu karasa si Jay ngalieuk ka 
tukang…ka makam anyar téa… Keur anteng neuteup, ujug-ujug aya haseup 
kaluar ti makam…beuki lila beuki jelas…ngajanggelek…lalaki tengah 
tuwuh, maké péci, kaos belél, calana pangsi, aya sarung 
dibeungkeutkeun na cangkéng mamawa bongsang eusina jeruk… Naha jurig 
téh ciga tukang dagang jeruk..? Ngan éta…beungeutna pikasieuneun, 
panonna bolotot beureum, letahna ngelél…ngalayang nyampeurkeun si 
Jay…. 

Tuur si Jay nyorodcod, awak ngadégdég, rék lumpat tapi suku asa 
beurat kacida…haben cicing didinya, biwirna renya renyu mapatkeun 
babacaaan…teu karasa wér kiih na calana. Jurig beuki ngadeukeutan, 
si Jay karék inget ka papatah Akina, mun manggih pikasieuneun kudu 
maca Ayat Kursi…derekdek si Jay maca éta ayat…karék gé 
satengahna…"Jang, kuring gé apal étamah, ayat Kursi lain?..cik atuh 
nu rada panjang…Al-Baqarah… heug sing puguh panjang pondokna nyaa…" 
ceuk jurig bari nyéréngéh pikasieuneun.

Atuh puguh si Jay beuki teu pararuguh, ampir wéh ngudupruk kapiuhan…
keur kitu téh…kadéngé sora,"CUT!!!"…bray! makam nu tadina poék jadi 
caang, loba jalema nu kekeprok, patingpucunghul ti kajauhan… 
Sihoréng keur syuting pilem. Sutradara nyampeurkeun ka Si Jay bari 
sasalaman,"Aéh, haturan Kang…punten yeuh tos ngarépotkeun…"
"Dupi ieu téh nuju acara naon Kang?" ceuk si Jay can leungit 
ngadégdégna.
"Nuju syuting pilem." Tembal Sutradara. Si Jay langsung curinghak, 
bari ngomong jero haté, "Wah, kuring bakal boga honor yeuh…asssyiiik…
lumayan, rejeki mah timana wééé…"
"Mmmm…abdi kénging honor atuh nya Kang?" ceuk si Jay teu éra-éraeun.
"Wah, perkawis honor mah da teu aya perjangjian ti anggangna, ieu 
mah adegan "spontanitas" Janten, hapunten wé nya Kang…gentosnamah 
Akang tiasa lebet kana pilem."
Si Jay langsung leuleus…tapi manéhna panasaran, bari nanya 
deui,"Punten, Kang judul pilem ieu téh naon?"
"HANTU JERUK GARUT"ceuk sutradara bari ngaléos…

Si Jay teu beakeun mikir, bari kerung…"Da, mun teu salah mah, nu 
ayeuna ramé di gedong pilem téh Hantu Jeruk Purut"… manehna 
nuluykeun lalampahanana, mapay jalan satapak ngajugjug ka hiji 
lembur… (éh, ieu mah lagu nyaaa….)


ro2.
wilujeng warsih enggal 2007.



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Suteja Amijaya" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:

> Sabot Mang Juha paciweuh, si Jay nguliwed, gorobas, berebet lumpat 
teu nolih
> tincakeun. Malah teu inget meueus meueus acan yen eta jalan teh 
brasna ka
> astana gede. Astana, anu karek katingali ti jauh ge si Jay geus 
langsung
> muriding sa awak-awak.



Kirim email ke