On 12/29/06, Suteja Amijaya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sabot Mang
Juha paciweuh, si Jay nguliwed, gorobas, berebet lumpat teu nolih tincakeun.
Malah teu inget meueus meueus acan yen eta jalan teh brasna ka astana gede.
Astana, anu karek katingali ti jauh ge si Jay geus langsung muriding sa
awak-awak.
***
Abong jajaka (meureun!) kurang. Enya kurang sagalana kurang. Karek
sababaraha kedapan lumpat ge geus hah heh hoh. Panon burial buncelik. Sungut
calawak, bari sakapeung letahna nu semu belel elel-elelan, sela gugusina
hideung balas nikotin nu ukur ditanceban huntu babaraha guruntul. Badis
anjing budug sanggeus kabur nyingkahan panggebug. Napasna ngahanju leuseuh
ku mengi nu sataun ngaranjah paru-paru, da bongan kamarna indekos teu gableg
kasur. Nya lamun sare teh kapaksa we ngampar samak pandan saheulay nu geus
karancang balas pandan dipake ubar sisidueun. Lamun sisidueun pandan dibetot
dilamot tuluy ditapelkeun dina tarang jenongna nu pulas hideung, lain balas
sujud. Unggal peuting sare ukur ngarengkol tara dibaju. Baju bogana nu ukur
sasetel digantungkeun dina paku nu nanceb di palangdada kamar, keur pakeeun
deui isuk ngaprak ngajajah dayeuh. Hiliwir angin peuting nu moncor tina
liang bilik langsung nembag awak nu ukur kahalangan ku harudum sarung lalayu
sekar, warisan uyutna. Ladangna... nya mengi tea.

Dada nyeunghap turun naek. Bari dongko ngarasakeun semegna ambekan.
Sakedapan mah teu sadar keur di mana manehna ayeuna. Geur rada longsong,
kakara luak lieuk neangan rungkun. Cai bajigur tilu gelas geus maksa hayang
kaluar tina selang uretra sanggeus kemihna teu sanggup nampung. Komo
sanggeus kageujleg ku lumpat sakalumpat-lampet sieun dititah mayar bajigur
jeung hui boled mah. Beuki angot ginjal meres bajigurna. Malah lain wae
bajigur, hui boledna ge geus ngulikbekkeun kadut, bunghak. Gasna geus
kukusialan, maksa hayang geura kaluar.

Lain nu diteang lain deui nu katingali. Nu ngadarungkuk lain rungkun, tapi
ngajejerna gundukan taneuh makam, jeung taringgulna tutunggul. Tangkal
samoja gagayabag badis bet men dahanna katebak angin peuting nu ngadadak
seah. Ngagelebug nyieuhkeun ci hujan nu tadi girimis. Bulan meletet
tukangeun hearna mega hideung nu laun-laun ngulawu. Kabeneran purnama, 15
mulud. Cungungung, hawar-hawar anjing babaung. Marengan ngingkrikna sora
Jangkrik. Enya ngadadak, peuting nu tadina simpe bet rame ku rupa-rupa sora.
Sora anjing pagaliwota jeung sora jangkrik, ditembalan caricangkas.

Rey... bulu saawak-awak cengkat. Puriding. Ingetan ngalayang, inget carita
ninina keur leutik. Cenah astana sayangna jurig. Ditambah deuih ayeuna bulan
mulud, bulan siluman ngala bati ti manusa nu muja maranehna. Cenah ayeuna
buta hejo neang wadal. Cenah ayeuna kuda belang ngajemput wadal.

Si Jay beuki culang cileung, Hayang lumpat tuur nu ti tadi geus ngaroroncod
balas cape, beuki ngeleter. Boro lumpat ngisedkeun suku ge geus teu wasa.
Saawak-awak leuleus, lir dipupul bayu, sieun ku nu can karuh. Sieun ku
cenah. Dina punduk asa aya nu ngadaplok, tiis. burih beuki ipis.

Keur ngarasakeun kasieun. Plak, punduk aya nu nepak. Koceak Si Jay ngajerit.
Karasa calana jins nu belel, napelkeun haneut kana pingping. Mimiti puhu,
haneut terus mudun. Nepi ka mumuncangan jadi nyecep, tiis. Leng, turaleng
dunya ngadadak sagala hideung, hawar-hawar kadenge nu nyentak, "BAYAR HEULA
SIAH!!"


--
::daluanggebisatinabincurang::

Kirim email ke