Kang Gunawan, haturan. Pasoalan banjir di hiji wilayah lain ukur gumantung kana hujan di daerah girangna. Banjir upama disinggetkeun ngarupakeun gabungan faktor-faktor: 1) hujan anu badag (leuwih tina biasana rata-rata hujan dina sapoe bulan hujang per taun), 2) intensitas hujan (hujan sajam, 2 jam, jst..., sapoe, dua poe, tili pue terus-terusan, jst), 3)kaayaan wewengkon seserapan cai di hulu (tingkatanana tina anu parna nepi ka anu sae kira-kira: gundul pisan-rada gundul - lumayan hejo - hejo pisan ku tatangkalan) - dina kasus banjir Jakarta nya wewengkon Bogor tea, 4) drainase susukan (antara lega vs heureut, deet vs jero dasarna, lancar vs mendet), 5) kaayaan daerah seserepan cai di hilir (dina kasus banjir Jakarta: daerah Depok nepi ka basisir Jakarta) antara anu loba ruang anu kosong (teu aya banguna anu ngahalangan cai nyerep kana taneuh vs sabalikna), 6) jeung beungeut cai laut (antara luhur leuwih ti normal vs normal)..
Tah ayeuna urang tengetan hiji-hiji tina 6 faktor di luhur. Faktor kahiji, jelas hujanna tea. Ningali kana badagna hujan anu aya masih kaasup normal keur wewengkon Bogor, pon kitu deui intensitasna (faktor kadua) Hartina, dina taun-taun samemehna hujan siga kitu teh mindeng kajadian. Faktor katilu, tah ieu anu mimiti repot. Sigana, bangunan buatan jelema di kawasan2 hulu walungan2 anu ngadatangkeun banjir ka Jkt, khususnya Ciliwung beuki rajeg wae. Kawasan bopuncur, bil khusus kawasan Puncak anu ngarupakeun daerah serepan hujan hulu walungan2 anu ngaliwatan Jakarta ayeuna geus tambah pinuh ku paimahan, vila-vila, oge lahan pertanian (anu kadar kamampuh nyerepkeun cai hujanna leuwih handap tinimbang nalika eta lahan masih mangrupa leuweung). Kaayan kitu lumayan mere kontribusi gede kana kajadian banjir. Faktor kaopat, kaayaan drainase susukan2 jeung walungan anu ngaliwatan Jakarta, tah ieu anu nambahan parnana banjir Jakarta ayeuna. Tadi isuk-isuk dina acara tv Metro aya pamadegan salah saurang pajabat manten di Pamarentah DKI. Anjeunna nyebatkeun yen dasar susukan2 jeung walungan2 di Jakarta ayeuna geus ngadeetan leuwih ti standarna (standar supaya teu banjir nalika hujan badag turun). Hal eta kajadianana teh nya kusababaraha sabab, diantara erosi anu ngaronjat (akibat daeah girang geus gundul atawa lain mangrupakeun leweung, karana runtah, oge karana eta susukan2 jeung walungan2 teh teu dipiara alias teu rutin dikeduk. Contona anu tadi isuk2 disebutkeun ku eta pajabat manten kaayaan dasar susukan Kalimalang anu geus ngadeetan kl 3 - 4 meter. Bayangkeun, eta karek di hiji walungan. Dina lebah dieu, kasalahan aya di Pamarentah DKI (jeung sabagean masyarakat anu masih miceun runtah ka walungan). Faktor ka 5 satali tiga uang jeung faktor ka 4, hartina, kondisina geus "kondusif" pisan pikeun kajadianana banjir. Di sakuliah wewengkon Jakarta geus kari saeutik pisan naon anu dina basa Indonesia disebut "ruangan terbuka". Jakarta geus bleg jadi leuweung beton. Pon kitu deui, ku alatan pendudukna anu terus nambahan, bantar susukan jeung walungan geus nyedek ka jihat eta susukan jeung walungan. Hartina, susukan jeung walungan anu aya geus nagheureutan. Tangtu wae, hal eta lain hiji kaayaan anu hade pikeun ngahulag kajadian banjir. Ceuk paribasana, ku hujan anu saeutik naekna tina kaayaan normal oge Jakarta geus bisa katarajang banjir lamun kitu kaayaan eta susukan2 jeung walungan2 teh. Gambaranana mah, selang anu satadina bisa ngamalirkeun cai 5 liter/detik, upamana, ayeuna dileutikan diameterna, nya puguh, cai jadi kahalangan lumpatna anu antukna nya ngabanjiran ka sagigireunana. Pakait jeung faktor kalima anu sarua mere kontribusi gede kana banjir Jakarta nyaeta kaayaan bengeut taneuh (permukaan tanah) Jakarta anu turun tiap taun meh 3-5 cm. Turunna taneuh ieu teh logis wae, balukan ti luhurna ditindihan wae, utamana ku wangunan2 beton, sedeng ti jerona, dikorowotan wae. Anu dikorowotan teh taya lian ti cai taneuh anu ngeusi pori-pori antara "butiran" taneuh. Kusabab cai anu ngeusi taneuh babarengan jeung "butiran" teh ngarupakeun kakuatan anu - satadina mah - saimbang keur ngalawan kuatna gaya tindihan tina wangunan-wangunan tadi, sedengkeun ayeuna eta gaya panahan teh dikurangan ku disedotna cai taneuh unggal waktu, nya munasabah wae lamun beungeut taneuh Jakarta teh turun unggal waktu. Nya ceuk itungan para ahli mah - dumasar panalungtikan GPS - turunan teh rarat-rata antara 3 - 5 cm per tahun, malah di sababaraha tempat mah aya anu leuwih ti angka sakitu (hal anu sarua kajadian di Kota Bandung). Naon balukar taneuh turun kana banjir? Nya gampang kaharti: cai hujan ngeyeumbeng teu ngamalir anu antukna jadi ulon-ulon banjir saterusna sanggeus patarema jeung cai kiriman ti susukan2 jeung walungan2 anu geus banjir. Kasalaha saha ieu faktor anu kalima? Nya tangtu wae Pamarentah DKI Jakarta: teu teges jeung teu disiplin dina mekarkeun tata kota. Pangwungan boh gedong2 perkantoranana, boh perumahanana, hayoh wae dibere ijin sok sanajan tempatna ngorowot ruang terbuka, jeung caina (keur nyumponan keperluan sapopoe pangeusina) masih ngandelkeun tina cai taneuh. Pemda DKI Jkt oge teu disiplin ka rahayat pendatang anu jadi penduduk Jakarta anu - kusabab teu boga imah - nya ngeusian lahan di bantaran2 susukan2 jeung walungan2. Faktor anu ka 6, masih ngarupakeun kamungkinan anu merlukeun usaha keur ngabuktikeunana. Beungeut cai laut Jakarta ayeuna geus naek. Kusabab kitu hal eta jadi faktor pangrojong anu lumayan oge kana lumangsungna banjir di Jakarta. \ Sakitu heula. Pamugi aya manfaatna pikeun eunteung keur kota-kota lianna anu boga potensi keuna ku banjir oge dina usum hujan, boh ayeuna atawa ka hareup. Cag. baktosna, manAR On 2/5/07, Gunawan Yusuf Miarsadireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Watir ningali di tipi jakarta banjir, ampir tiap tempat di jakarta kena banjir, nu karunya mah rahayat rahayat leutik. Banjir di jakarta faktor utamina teh ngaluapna ciliwung dina wates normal, margina di Bogor hujan keur sering sering-na, lajeng ngaluapna ciliwung ieu dilantarankeun ku sering hujanna di Bogor ?. Di Bogor aya 2 walungan gede, ciliwung jeung cisadane, cisadane sirahna di gunung salak, ciliwung di daerah puncak (kirang terang persisna). Di Puncak lantaran loba teuing villa janten teu aya resapan cai ka taneuh, jadi cai ieu langsung lolos ka ciliwung, tungtungna nu kena banjirna di Jakarta, ari nu gaduh villa di puncak seueurna saha ?, moal salah deui urang jakarta, jadi...........? __________________________________________________________ Any questions? Get answers on any topic at www.Answers.yahoo.com. Try it now.