Baheula, lamun teu salah mah di taun 1983, kuring diajak ku kawawuhan nu
urang Tionghwa ka Merouke Papua. Indit teh tiluan, nu saurang urang Sunda,
kuring sorangan, bari beubeungeutan siga Cina, nu duaan deui mah Tionghwa
asli, Pak Andrew jeung Pak Joy. Tepi ka Merouke meuting di hiji
panginepan. Pak Andrew jeung Pak Jo mah sigana sering sare di eta
panginepan teh, da geuning langsung ngobrol jeung nu bogana panginepan,
mani uplek pisan. Nu Bogana panginepan teh ari panon sipit tapi kulitna
rada-rada siga urang Papua. Kuring mah sanggeus neundeun tas di jero
kamar, teu ngiluan ngobrol, ngaleos kaluar, diuk dina korsi diluar,
nempokeun "karamean" kota Merauke, maklum kakara nincak ....

Teu lila, nu boga panginepan teh nyampeurkeun, ngajak ngobrol, pokna teh:
" Bapak sama dari Bandung?"

"Iyah", ceuk kuring teh.

Manehna terus nelek-nelek kuring, sabenerna mah rada kasigeung oge, aya
jelema nempo siga nu nyilidik kitu. Tapi dalah dikumaha moal enya disentak
mah.

"Bapak bisa BAHASA NASIONAL enggak?", pokna teh nanya.

Kuring ngarenjag ngadenge aya nu nanya kitu, lieur sugan jelema teh, pan
ayeuna ngobrol jeung manehna teh make Basa Nasional.

"Lho? ....kita kan bicara pakai Bahasa Nasional, Pak!", ceuk kuring teh

Manehna kerung, terus ngareret deui kana beungeut kuring, nyidik-nyidik,
terus ngomong: "Oh iya...yah..., permisi pak, ada yang harus saya
bereskan"

Manehna terus ngaleos, kuring nu tambah kerung, kunaon eta jelema teh bet
nanyakeun bisa henteuna Bahasa Nasional. Panasaran, terus nyampeurkeun Pak
Andrew, nanya :"Drew ... kunaon eta si bapa bet nanya ka sayah, bisa Basa
Nasional sagala?"

Si Andrew, nyakakak seuri, bari ngomong: "Katipu ...tah, disangkana kamu
teh Tionghwa siga sayah. Basa Nasional nu dimaksud teh lain Bahasa
Indonesia, tapi Basa Mandarin!"

"Har....", ceuk kuring teh, "Ari si Bapa eta urang mana kitu?"
"Bapana Papua Asli, indungna TiongHwa", ceuk si Andrew teh ....

Baktos,
WALUYA









> Maca dina artikel Waspada Online tadi teh..
> Didinya nu dipersoalkeun teh nyaeta, naha urang cina
> anu ngaku bangsa indonesia, banderana Merah Putih, tapi
> ari nyarita di Mall, di Bank, make basa impor ti Tiongkok cnah..
> Lain make basa Indonesia mun enya ngaku bangsa Indonesia mah.
>
> Ceuk uing, rarasaan ieu mah, deet teuing pendapat teh..
> Rada-rada sentimen wungkul. Kurang Obyektip.
>
> Urang cina jeung papada urang cina nyarita ku basa Cina mah wajar,
> Urang sunda ge jeung papada urang sunda deui mah, jarang mamalayuan..
> Urang Jawa, Madura, Batak oge kitu jeung papada manehna mah
> Da moal mungkin atuh, urang cina ujug-ujug nyarita ku basa mandarin
> ka urang sunda...da moal kahartieun..
>
> Tah etnis-etnis nu sakitu lobana teh, mun hayang komunikasi
> karek make basa persatuan : bahasa Indoesia, meh pada-pada kaharti..
>
> meureun ieu mah..
>
> -dul-
> tukangteuing
>
>
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "Dudi Herlianto"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> nu dimasalahkeun teh eusi sumpah pamuda nu asa sangeunahna
> dioprek. sumpah
>> pamuda nu asalna hiji nusa, hiji bangsa nu dihijikeun ku basa
> indonesia, di
>> rubah jadi hiji nusa hiji bangsa nu boga hiji basa nyaeta basa
> indonesia.
>>
>> nusa indonesia, bangsa indonesia, bahasa indonesia nu ngahijikeun
> 700 basa
>> bangsa lianna. cobi geura bah baca artikel pa Dr nu di waspada
> online,
>> manehna pan ngajejeleh urang cina nu ngomong cina di kantor di
> pasar, make
>> nuduh teu indonesia.
>>
>> On 2/14/07, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>> >
>> >   Beda kontekna atuh Bangsa Sunda (hartos na Etnis) oge
>> > Bangsa Indonesia (Demogrrafis Kanagaraan) wajib
>> > ngamumule Bahasa Persatuan nyaeta Bahasa Indonesia.
>> > Dina kontek anu kadua sebage penduduk Regional Etnis
>> > Sunda (Archeo) wajib ngamulule Basa Sunda sebage
>> > Bahasa Persatuan Urang Sunda...Kitu...lin ?
>> >
>> > --- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED] <dudi.herlianto%
> 40gmail.com>>
>> > wrote:
>> >
>> > > haturan baraya,
>> >
>> > >
>> > > dh
>> > > --
>> > > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
>> > > :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
>> > >
>> >
>> > __________________________________________________________
>> > Want to start your own business?
>> > Learn how on Yahoo! Small Business.
>> > http://smallbusiness.yahoo.com/r-index
>> >
>> >
>>
>>
>>
>> --
>> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
>> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
>>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke