Oh enya nambahan...
Balebat geus nepi oge ka Bandung jueng ka Jakarta. Aya nu pesen hiji, aya nu
pesen 10 eksemplar, aya oge nu rek langganan nepi 2-6 bulanan mah.

Mangga nyanggakeun kanggo tim dewan redaksina, simkuring mung nembe tiasa
ngabantos angkag ingkig tina sisi marketingna.


On 2/14/07, K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

 Kang, mana no rekeningna. ?
Abdi nyobian heula ngalangan kanggo 6 sasih kapayun, tiasa ?

Diantos kang, hatur nuhun.

Salam,

Bambang S.


Walereanana:
Mangga tiasa pisan. Saha deui nu barade ????
Sanajan lewat internet jeung kantor di kantor kuring, tug nepi ka ayeuna
(saminggu) kuring geus ngorderkeun majalah BALEBAT aya kana 28an mah (katut
pikeun promosi). Laris manis tanjung kimpul...mangga saha deui cenah nu
barade...???

Kanggo kang tantan, iraha tiasa pendak di Brighten Institut, supados teu
tebih teuing ti kantor kuring. Keun lah ku kuring ge teu nanaon nganteurkeun
mah sugan we di pasihan wedang ci kopi, he....he....

Baktos,
Runa Inawan - Bogor



On 2/14/07, tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Kuring oge kang Dudi. CIng simpangkeun ka rorompok. Rek langganan lah.
> Mun salse, daek oge lah jadi kontributor. hehe. sugan we kaaku keneh
> sundana.
>
> baktos
> tantan
>
> On 2/11/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED] > wrote:
> >
> >    Hatur nuhun kang Dudi, sumuhun supados engke kaping 21 tiasa
> > dijejerkeun dina gundukan buku kalawarta.
> >
> > MSas
> >
> > ----- Original Message -----
> > *From:* Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
> > *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> > *Sent:* Monday, February 12, 2007 8:32 PM
> > *Subject:* Re: [Urang Sunda] Majalah Sunda "Balebat"
> >
> >
> > sampurasun!
> >
> > hatur nuhun ka sadayana. simkuring ngawakilan tim "balebat"
> > nganuhunkeun kana sadaya du'a ti sadayana, jadi beuki reugreug.
> > mudah-mudahan ieu orok beureum teh bisa medal sabulan sakali.
> >
> > ka kang hermawan aksan sareng kang jb, dina danget ayeuna mah daerah
> > nu ditojo mung ukur bogor heula. insyaAlloh kapayunna mah.. sajagat. tapi
> > teu nutup panto kanggo baraya luar bogor nu bade ngalanggan, panginten
> > hubungan langsung sareng bogor. da teu acan aya agen di luar bogor. kumaha
> > cara ngalangganna mah ke kapayun ku simkuring dipostingkeun deui (njiir
> > kanyahoan euy, can nyiapkeunna teh hehe..). hargi eceranna mah kumaha cek
> > juragan runa we, 50000000 eh 5000 hehehe
> > kangge ua sas, diusahakeun (kumaha ngarah lemes nya, titadi ngahuleng
> > kalahka leneng ;D ) dugi ping 21.
> > kangge kang ndeoll.. hoream ah ngalungkeunna ge, mending susul ka
> > bogor hehe.... bari mekel es pocong nu di gang kober tea!
> >
> > alah sakitu panginten, sakali deui hatur nuhun!
> >
> > sunda jaya!!
> >
> > dh
> > --
> > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> > :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> >
> > Komunitas Urang Sunda --> 
http://www.Urang-Sunda.or.id<http://www.urang-sunda.or.id/>
> >
> >
>
>
> --
> tantan hermansah
> www.tantanhermansah.co.nr
>
> "jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
> --siliwangi--
>
> >



--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
urangsunda@yahoogroups.com
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com




--
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
urangsunda@yahoogroups.com
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

Kirim email ke