> From: irpan rispandi
> Dijaman ayeuna, dimana peradaban jeung kabudayaan manusa geus Luhur,
> naha masih bisa ngalakukeun tindakan kurang
> beradab siga kitu?
> Lamun enya eta budak pulisi teh akalna sehat, tangtu moal  ngalakukeun 
> hal eta.
> Ngan dalah dikumaha, "Cinta itu buta" cenah.

Bogoh (=Cinta?) sabenerna mah sifatna irasional, hese lamun
dirasionalkeun. Salian ti dongeng pulisi nu nembak kabogohna terus maehan
maneh, aya oge awewe anu bogoh pisan ka marinir nu dihukum pati, tepi ka
ngilu apruk-aprukan waktu sang marinir kabur ti panjara. Para Ahli loba nu
nalungtik soal "kabungbulengan" ieu, salah sahijina kungsi jadi laporan
utama di majalah National Geographic edisi Indonesia. Cenah, aya
reaksi-reaksi dina awak manusa (pangpangna dina otak) lamun manusa
kubungbulengan. Mungkin wae reaksi2 kimiawi dina otak ieu, bisa
kaleuleuwihi nepi ka mangruhan kinerja otak bagean kenca, nu cenah
tempatna pikiran rasional. Akibatna bisa fatal, manusa bisa agresif jeung
nekad ....

Jadi? lamun kabungbulengan .....kudu gancang sadar, ....lumpat ka
psikiater, ngarah dibere obat penenang ....hehehehe

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke