milu mairan oge,
moal aya paguntrengan anu teu perlu lamun dipedar yen cinta anu dimaksud dina 
tulisan di handap eta teh sabagian tina cinta anu lega. saperti anu dipedar k 
mang jamal.
lamun dina islam mah cinta teh aya: cinta tingkat I (Allah, Rasul & jihad), 
cinta tingkat II (kulawarga, dulur saagama), jeung cinta tingka III (cinta anu 
cenah "primitif" tea).
jadi moal aya pacengkada lamun kieu mah. yen valentine teh ninggang dina cinta 
tingkat III.  pamustunganana nya saperti nu katingali ku urang ayeuna.
  ----- Original Message ----- 
  From: irpan rispandi 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, 14 February, 2007 17:30
  Subject: Re: [Urang Sunda] Poe "Valentine"


  Milu mairan bah,

  Kuring mah moal nyarek moal ngadukung kana poe valentine teh.

  Ngan.... aya ngan-na.
  kuring manghanjakalkeun kana efek psikologis anu ditimbulkeun ku budaya pop 
anu ieu (Valentine-red).
  Utamana ka barudak ngora, maranehna jadi "terbuai".
  anu ahirna ngalakukeun hal-hal anu "nyerempet" malahan "tigebrus" sakalian.

  Kajadian kieu teh bisa terjadi kusabab difasilitasan jeung dibentuk atmosfir 
na. 
  Di TV, Radio, Mall, Majalah, Koran, Internet... wah kabeh we siganateh.
  melong ka hareup coklat, 
  ka gigir, "Love"
  ka luhur, Cupid
  ka handap, kebon kembang
  ka tukang, jantung hate.

  Ohhh indahnya cinta dan kasih sayang. 
  Would you be my valentine.
  (bari ngasongkeun kembang)
  he.he..he..

  Ku lantaran dikepung  ti sakuriling bungking,  barudak ngora teh jadi teu 
bisa ngagunakeun akal sehatna. Anu jomblo, neangan pasangan. Anu geus boga 
pasangan, neangan selingkuhan :), anu boga dua, rek nambah deui. 
  Ancuurrrrrr

  Baraya,
  Tugasna manusa kumelendang di alam dunya teh salah sahijina memang 
"reproduksi", sangkan spesien manusa hanteu punah. Nu matak manusa di lengkepan 
ku sakabeh kaperluan pikeun reproduksi, timimiti ereksi, menstruasi, ejakulasi 
:D 
  Jadi geus tidituna lamun lalaki resep ka awewe jeung sabalikna.

  Hanjakal, ka dieuna keun, eta "perlengkapan reproduksi" teh dieksploitasi 
jeung di bias-keun tina tujuan awalna (teung ngahaja teuing teu kahaja).  Cinta 
teh bentuk primitifna mah saukur kesiapan masing-masing (lalaki jeung awewe) 
pikeun ngalakukeun proses reproduksi. 

  Ngan kadieunakeun, Cinta teh berkembang jadi seribu satu kisah. Aya anu 
"happily ever after", aya "Romeo and Juliet", "Qais dan Laela", "cinta 
segitiga", segi lima, jrrd.

  Ahirna, manusa ayeuna, khususna barudak ngora, jadi kabur pemahamanana kana  
Cinta.

  Naon buktina yen bentuk primitifna cinta teh sederhana, saukur ketertarikan 
ka lawan jenis anu diteruskeun ka proses reproduksi. 

  Buktina nyaeta "Selingkuh". Najan manusa geus boga "pelabuhan hati", keukeuh 
we lamun ningali jalma sejen anu dipikaresep, sok jorojoy resep. malah dina 
tahap anu leuwih jauh, lamun duanana papada resep, sok jadi "selingkuhan". 

  Tina fenomena "selingkuh" ieu, lamun ditarik ka tukang, kana bentuk 
primitifna cinta, kabuktian yen cinta teh ngan ukur bentuk ketertarikan pikeun 
proses reproduksi.

  Kuring yakin bakal aya sabagian (gede?) jalma anu ngabantah kana kanyataan 
ieu. maranehna bakal ngomong "Cinta teh leuwih luhur darajatna, leuwih suci, 
beresih tina nafsu birahi", jsb, jsb. 

  Well, eta teh mangrupakeun bukti deui kana biasna pemahaman maranehna kana 
cinta. 
  Anu disebutkeun ku maranehna ngeunaan luhur darajat jeung suci, beresih tina 
nafsu birahi, eta mah bentuk sejen tina tanggung jawab. 

  Sakumaha anu ku urang nyaho, manusa teh mahluk sosial, anu tergantung ka 
manusa sejen. Tah pikeun ngawujudkeun hal ieu, manusa di perlengkapi ku "rasa 
tanggung jawab", jeung bentuk-bentuk emosi sejena. Anu dasarna mah, pikeun 
melindungi manusa sejen atawa berinteraksi jeung manusa sejen. 

  So, baraya, kahade ah ulah dibutakan oleh cinta, he.he..he..
  Be rational OK.






  On 2/14/07, Waluya < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Cenah, tgl 14 Februari teh, poe Valentine, poe "kasih sayang". Di lembur
    soal ngarayakeun poe Valentine teh aya nu protes sabab cenah ieu teh
    budaya kulon nu sekuler, budaya jahiliyah malah aya nu nyebutkeun poe
    Valentine teh leuwih bahaya ti Flu manuk ...hehehehe. Tapi nu ngarayakeun
    tonngoy we, komo para pangusaha mah, malah digede-gedekeun, di Mall-mall
    di jual coklat poe Valentine nu bentukna siga jantung (hate). Tapi lain
    pangusaha gede wae, tukang kembang ge ngamanfaatkeun. Di Jalan Dago
    bandung, ti kamari keneh, rapang nu jualan kembang meunang mungkusan di
    stopan lalulintas.

    Ari ceuk kuring mah, soal ngarayakeun Poe Valentine teu kudu diprotes kom
    bari demo sagala mah, ka beak-beak tanaga. Nu kieu bisa disebut Budaya Pop
    tea, tambah dicarek ...malah tambah ngahajakeun. Bung Karno baheula
    ngalarang musik "ngak-ngik-ngok", tepi ka Koes Bersaudara asup bui. Naon
    hasilna? malah beuki nerekab. Dangdut baheula kungsi dilarang nonghol dina
    TV, hasilna Dangdut tambah populer!. Jadi, satungtung poe Valentine teu
    ngarugikeun sasaha, naha make kudu ijigimbrang ngambek sagala?

    Baktos,
    WALUYA



    Messages in this topic (1) Reply (via web post) | Start a new topic 
    Messages | Files | Photos | Calendar 
    Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

     
    Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
    Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format 
to Traditional 
    Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe 

   

Kirim email ke