Assalamu'alaikum.......
   
  Tos lami sim kuring teu noongan ieu lembur bakus, tos lami oge teu aya 
wartos. Kumaha sadaya daramang...? kang Waluya, kang MJ, kang Im, kang Oman, 
Kang Sasmita,  Kang Kumi,  teh Imas, neng Pupi oge ka wargi anu enggal....kum 
wae kasadayana. 
   
  Naha janten kagok nyerat ku sunda teh, bet ngahuleng heula. Kapungkur mah 
waktos aktif posting sok lancar nyerat teh. Tah ayeuna bade ngawitan deui 
aktif, sugan janten hiburan da geuning padamelan teh teu seep-seep, malih 
janten sutres naonnya sundana setres teh..? 
   
  Nguping wartos Jakarta kabanjiran...! euleuh kumaha jantena pusat 
pamarentahan kakeueum kitu , naha teu di tata kota teh..? jigana moal dugi ka 5 
anu bade dongkap tiasa janten danau......wah kumahanya...? cing atuh kumaha 
solusina banjir tiasa diatasi...? karunya rahayat leutik, katurug katutuh tea, 
beas jeung anu sanesna awis.....kumahanya atuh....? cik baraya pasihan 
bongbolong pamarentah teh..? Naha kudu diganti..? atawa kumaha..?
   
  Punten ah, janten panjang....., ieu mah ngalalayah.
  Cag,
   
  Wassalam 
  ipeut
   
   

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke