Wa'alaikumsalam Wr. Wb.
   
  Mangga kang Acep kalebet........
  Wilujeng gabung di lembur bakus (babakan Kusnet = komunitas urang sunda di 
Internet), mangga geura ramekeun ieu lembur, matak resep geura kang..!
  Nepangken oge si teteh aya di wetan, mangga diantos postingannana.....
   
  baktos
  ipeut

Alvo Ismail <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Assalamu'alaikum wr wb,
  wilujeng enjing,
   
  nepangkeun sim kuring alvo ismail, ari nenehna mah acep (hehe duka
  teuing kumaha riwayatna da ti sd dugi ka kuliah ge eta nu tenar), bade
  kumawantun ngiringan ieu milis. hatur punten bilih ieu kalakuan kirang 
  paos tur dianggap campelak ka akang-akang eteh-eteh warga di dieu.
  ahir taun kamari sim kuring manjing 34 taun, ari padamelan ayeuna teh 
  di kantor pusat salahsahiji perusahan telekomunikasi nasional di jakarta, 
  nya lumayan ntos aya kana 11 taun na mah, sok sanajan baheula indung 
  bapak dumuk di cianjur tapi ari sakola mah da lami dibandung (SD arjasari,
  SMP banjaran, SMA baleendah, politeknik itb) diteraskeun di jakarta (STTI 
  jakarta, UI jakarta), manawi aya anu saalumni hehe......
  pun bojo mah asli ti sabrang (lubuk linggau-sumatra), cigana mah cekap hiji 
  wae lah hehe, atuh mendakan ieu milis nyeta tina ngotektak nyuksruk-nyuksruk 
  babad sunda jang nedunan kawaas tur kapanasaran ieu hate.
  punten sok sanajan nembe tepang bade kumawantun deui ieu teh, manawi 
  aya nu gaduh mp3/midi/jeung sajabana ngeunaan pupuh sunda?
   
  haturnuhun
   
  -acep tea-
    
---------------------------------
  It's here! Your new message!
Get new email alerts with the free Yahoo! Toolbar.  

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke