Waalaikumsalam Wr. Wb.
   
  Haturan Kang Im, Kang Yani, kang Gunawan akang-akang anu sanesna kum wae 
sadayana......kumaha daramanng..?, nuhun daramang mah...
  Nembe ngelol deui yeuh ka lembur bakus teh, sanes kirang sono ,manawi sim 
kuring nuju pakeupuk ku "UN" tea....mani pak-pik-pek hajat UN teh.., jika anu 
enya.....tapi lumayan aya perobihan. 
   
  Tos dikawitan padungdeng HBH, sim kuring sapagodos sareng pamendak kang Yani 
sareng kang Im, ide kang Yani mangga geura dikawitan, sangkan HBH teh aya 
hasilna.
   
  Si teteh ge boga usul, kumaha upami HBH teh, urang bari pelesiran ka 
tempat-tempat sajarah kasundaan sanes sabudereun jawa barat aya sajarahna..? 
  HBH teh ulah ukur acara seremonial, bari jeung hasilna naon..? sajabi 
pelesiran teh urang bari ngabagikeun sembako tea, atanapi babagi naon wae anu 
manfaat keur masarakat miskin janten idena kang Im kacancak ka hayang si teteh 
kalakon.....he he, sok geura resep, si teteh jauh-jauh ge rek ngahajakeun 
ngiring, kitu tah.....baraya.
   
   
  Sakitu heula, mangga....
   
  baktos
  ipeut  
  

kang boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
    Assalamu'alaikum wr, wb.
  geuning rame nya soal HBH teh...hehehe...
  pamendak sim abdi keur sementawis acara HBH urang lakonan sakumaha mistina 
wae sakuma anu geus dilakukeun samemehna bari aya paningkatan boh dina acara 
atawa dina kagiatanana anu sakirana kadada jeung kaduga ku urang sarerea. da 
diheunteu-heunteu oge urang teh pan kaiket ku pagawean sapopoe nu penting dina 
prungna kudu sauyunan silih bantu sangkan naon-naon nu jadi udagan dina HBH 
laksana pan intina silaturahmi jeung papada baraya nu salila ieu ukur panggih 
di alam maya. 
  Soal gawe bareng jeung pihak UNPAD (kang Ganjar) lain sim kuring teu satuju 
tapi dina hal ieu sim kuring boga pamikirian keur saayeunaeun mah sigana can 
bisa kalaksanakeun. 
  naon sababna...?
Sakumaha anu urang sakabeh pada terang pan  kang Ganjar teh bulan nyangking 
kalungguhan jadi rektor Unpad na teh can lila bisa karek sapanyepahan ceuk 
paribasana mah, keun saheulaaneun mah ulah waka diganggu sina ngalaksanakeun 
heula nu jadi programna, lamun sakira geus nyukupan waktuna kakara urang bisa 
ngabadamikeun kira-kirana naon anu bakal digarap dina gawe bareng Kusnet jeung 
Unpad dina migeuykeun ki Sunda, naha diskusi panel atawa nu liana jeung 
sabisa-bisa mah waktuna ulah bareng jeung HBH sangkan fokus jeung puguh 
udaganana.... 
  dina HBH nu bakal datang sim kuring insya Allah aya rencana hayang ngayakeun 
baksos sakumaha anu dilakasanakeun basa HBH di Cibatu Garut tapi sistem atawa 
carana beda, nyaeta ku jalan ngabagikeun paket sembako ka baraya pikeun dulur 
urang anu sakirana kurang mampu dina segi ekonomi nu aya di sabudeureun tempat 
dimana HBH diayakeun dina poe ka duana. 
  timana dana cenah...? pikeun dana atawa waragadna kumaha lamun dilelang ka 
baraya nu aya di kusnet, harga sapaketna misalna 50.000 rupia minimalna meuli 
sapaket, maenya wae diantara baraya aya nu teu kersa pan ieu teh salah sahiji 
cara pikeun migeuykeun ki Sunda ka masyarakat sanes...? 
  hal ieu karek mangrupa usulan kitu oge lamun disaluyuan ku sarerea, bisa wae 
ditolak atawa diganti ku hal anu liana jeung deuih susunan panitia HBH na oge 
can lengkep...hehehe.
   
  Sakitu pamendak sim kuring keur saheulanan mah, ieu maksakeun ka warnet sabab 
masih keneh aya nu karasa sabada ngalaman pendarahan akibat tina dicabut 
sakadang waos poe kamari...
   
  cag...ah, punten bilih aya lepat tur kirang merenah...nuhun.
   
  "kkbm'69"
   
  
 
  On 4/18/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:             Enya, baheula basa 
UPI ngayakeun pasanggiri ngadongeng, maca 
pupuh jeung sajabana, kuring lalajo. harita teh jeung Kang Iim, 
Teh Ika, oge Kang Soni. Kungsi ngobrol jeung Pak Ano Karsana,
oge Pak Tatang (putrana Mang Koko). Jadi apal oge dedeganana 
Wa Kepoh teh.

Nu jadi panitia jeung bunitiana nya mahasiswa. Bener ceuk Kang Runa, 
mahasiswa mah garede gawe-na, daraekan jeung barisaan, kaasup Kang 
Adit. Salian ti ngayakeun pasanggiri, oge aya bazaar buku, dahareun 
oge karajinan sagala rupa.

Atuh bilih peryogi, mangga ka Panitia : Kang Iim + Kang Oni 
saparakanca meredih ka barudak UPI ngalangkungan Kang Adit atanapi
Neng Anit. Komo kagiatan anu aya pakuat pakait sareng Kasundaan mah. 
pasti kersaeun ngabantuan.

Kang Adit, hatur nuhun sateuacana.

-dul-
tukangteuing

--- In urangsunda@yahoogroups.com, A Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> punten, sanes bade ngarewong. pogot pisan padungdengan teh....asa 
ku kataji. kang Runa sareng kang Yani gaduh ideu2 cemerlang.. ceuk 
simkuring lebar pami teu dilaksanakeun mah. gawe bareng sareng 
mahasiswa mangrupa hiji cara pikeun ngungkulan pasualan teknis. Kang 
Doel kapungkur kantos ka UPI, kumaha pami ka UPI deui,,Insya Allah 
ku abdi ditepangkeun sareng nu kinten2 kersa gawe bareng (gawe 
bareng tanaga ...heuheu).
> wangun sosialisasi Kusnet, pasanggiri, seminar, dugika promosi 
buku sareng HBHna nyalira bawiraos tiasa lumangsung. sugan bae HBH-
na janten HBH nu langkung HBH batan HBH-HBH nu sanesna,,heuheu.... 
> 
> K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> He...he....kmh kang Yani, upami anu janten KORLAP 
(Koordinator Lapanganana) Kang Yani?
> Sapuk lah abdi mah upami KORLAPna Kang Rawyani teh. Ide2na 
cemerlang. 
> 
> On 4/17/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote: Uapmi nilik tempat sareng panata calagra ti 
Bandung, 
> Insya Allah asana mah tiasa kalaksanakeun. Sareng 
> ceukpangemut sim kuring mah, ieu teh hiji tantangan
> pikeun kang Bo'im (Iim) saparakanca, kumaha sangkan
> HBH 2007 beda ti HBH taun-taun tukang.
> 
> Usulan sim kuring, asana mah teu sesah, ngempelkeun 
> seratan kang Ganjar Kurnia, naha di milis, di media
> atanapi di Unpad, anu eusina aya pakit sareng
> Kasundaan. Dikempelkeun, diedit teras didamel buku.
> Pami peryogi mah sakantenan wae, makalah Kang Ganjar 
> waktos presentasi di payuneun Senat Akademik Unpad,
> sabage calon rektor Unpad. Pasti kang Ganjar masih
> nyimpen. Sakantenan ngamasyarakatkeun konsep, visi
> sareng misi Rektor Unpad. Saha anu ngordinasina? 
> Nya, urang Bandung anu caket ka kang Ganjar. Masih aya
> 5 bulan deui ka HBH, asana teh cekap kanggo ngadamel
> buku.

----------------------------------------------------








 

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke