Punten nambihan sakedik, asana dina “FILES” urangsunda@yahoogroups.com
seeur pisan bahan bacaan nu aya patula patalina sareng ki sunda, kari
download hungkul. Da kungsi simkuring nga-dwnld.

 

Hatur nuhun.

 

Ahmad Sopiani
Package Team

R & D Group
AV Factory

LG Electronics Indonesia
Block G MM 2100 Industrial Town
Cibitung - Bekasi 17520, West Java, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED]
Tel  : +62-21-8989418
LG전자

 

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Aschev Schuraschev
Sent: Tuesday, July 31, 2007 7:50 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] salam kenal

 

Bagea kang Deni, wilujeng sumping.

 

Sumuhun eta mah raraosan kang Deni wae panginten; da upami ditengetan tina
seratan akang, katingalina akang faham (ngartos?) basa Sunda. Seueur urang
Sunda kiwari (hususna nonoman sareng anu tos ngumbara lami tebih ti bale
geusan ngajadina) anu ngaraos kirang faham basa Sunda hususna upami patali
sareng undak usuk basa. Numutkeun pribados mah ulah kauger teuing ku aturan
undak usuk basa; campur aduk oge henteu naon-naon, da karuhun urang Sunda
oge basana demokratis henteu nganggo tingkatan-tingkatan.

 

Ngeunaan sajarah, kanyataannana seueur pisan (jigana mayoritas) urang Sunda
anu henteu terang kana sajarah karuhunna sacara rinci kumargi memang di
sakola ngawitan ti SD dui ka universitas urang teh henteu diatik sajarah
Sunda. Paling banter, tina sajarah nasional, mung disabit-sabit sacara
singket ngeunaan Tarumanagara sareng Pajajaran. Padahal sajarah Sunda teh
langkung jembar ti info singket eta. Jigana mah aya saena kurikulum sajarah
Sunda diajarkeun di sakola-sakola di tatar Sunda (provinsi Jabar sareng
provinsi Banten) atanapi diselapkeun dina palajaran basa Sunda sangkan
nonoman Sunda henteu pareumeun obor kana sajarah karuhunna.

 

Niat akang palay langkung kenal kana sajarah sareng udaya Sunda sae pisan.
Biasana aya oge info sajarah sareng budaya Sunda anu dialungkuen ka ieu
milis; antosan wae kang.

 

Eh, ari akang linggih dimana? Sareng naon ari pacabakan akang?

 

Sakitu wae, cag ah.

 

Wasalam,

Asep



Deni Saktian <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

kumargi abdi ngaraos kirang faham bahasa sunda, abi miharep tiasa gabung ka
komunitas ieu supados tiasa ngabantos abdi langkung kenal kana budaya
karuhun abdi nyalira. sanaos abdi hirup di tatar sunda mung ironis pisan,
abdi teu terang sejarah sunda sareng budaya sunda secara detail . 

  _____  




Asep

  

  _____  

Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy
<http://us.rd.yahoo.com/evt=47093/*http:/tv.yahoo.com/collections/222>
with an Edge to see what's on, when. 

 

<<image001.gif>>

Kirim email ke