Assalamualaikum wr.wb.

Lian ti ngaran2 wanci nu tos dipedar tipayun, aya deui sesebutan waktu nu
sanes nyaeta :

 

1.      Sakedet Netra = (asalna sakedep netra), kedep = kiceup, jadi
hartina sakiceup, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan
2.      Sakilat = nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
3.      Sapanyeupahan = nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira
sarua jeung lilana nu keur nyeupah. (## naha ayeuna aya keneh nu nyeupah??)
4.      Sapangejoan = nuduhkeun waktu anu rada lila, salila anu keur
ngejo/nyangu (##tergantung, ngejo na hawu apa na kompor gas, beda waktuna,
kumaha tah?)
5.      Saumur jagong = kira-kira tilu bulan satengah
6.      Sataun landung = sataun leuwih
7.      Sawindu = dalapan taun
8.      Saabad = Saratus taun
9.      Poe iyeu disebut ‘ayeuna’
10.     Poe nu geus kaliwat disebut ‘kamari’
11.     Poe sanggeus kamari disebut ‘mangkukna’
12.     sapoe nu bakal datang disebut ‘isukan’
13.     sapoe sanggeus isukan disebut ‘pageto’
14.     sabada pageto disebut pageto ‘amat’
15.     waktu nu cikeneh karandapan disebut ‘bieu’
16.     waktu nu rada lila kaliwat disebut ‘tadi’
17.     waktu nu geus lila kaliwat disebut ‘bareto’
18.     waktu beh ditueun bareto disebut ‘baheula’
19.     waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan desebut ‘engke’
20.     waktu nu bakal datang disebut ‘isuk/jaga, isuk jaganing pageto’

 

(Dicutat ti Unak Anik Basa Sunda, Dedi, S.Pd.)

(## = catetan ti simkuring)

 

Hatur nuhun.

 

Ahmad Sopiani (sopian)
Package Team

R & D Group
AV Factory

LG Electronics Indonesia
Block G MM 2100 Industrial Town
Cibitung - Bekasi 17520, West Java, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED]
Tel  : +62-21-8989418
LG전자

Bergabunglah dengan kami di Dana Abadi Pemberdayaan Ummat :

http://dapu. <http://dapu.blogsome.com/> blogsome.com/

 

<<image001.gif>>

Kirim email ke