Kutan...!, teteh Roro aya dina mangle, hebat atuhnya..... Ngiring reueus teh...!, mung hanjakal mangle teh kadieu mah, sesah...padahal hoyong ningal aslina. Sok ah...teteh ngarojong, kedah sering ngintun, keun si ipeut anu maosna. Jigana aya bakat serat sinerat teh Roro teh, mangga diantos seratanana anu sanes. ipeut
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Uwa Djaka haturan . :) Saleresna eta carpon heubeul, nu kantos dialungkeun ka bakus. Abdi mah darma ngalaksanakeuh ideu Kang Aschev, nyobian ngalebetkeun carpon ka Mangle sasih kamari. Diantosan teu embol-embol .lieuk deui...lieuk deui... teu aya wae, ni nyeri beuheung sosonggeteun. Kaleresan maos sosokna Kang Yaya di Kompas nu hobi ngadamel carpon di Mangle, nya abdi nyuhunkeun pituduh kumaha carana sangkan tiasa ngadamel Carpon. Naskah abdi dikintunkeun ka anjeunna, nya kitu deui naskah anjeuna nu kantos medal di Mangle dikintunkeun ka abdi. Saparantosna maos carpon Kang Yaya, abdi ngahuleng we . da, mani sarae. Paingan atuh carpon abdi teu mucunghul wae...boa-boa... Nyobian nurutan ngadamel versi abdi, asa cawerang ampir pegat pangharepan hiks Teu sangki, pucunghul teh minggu ieu, Alhamdulillah lebet kana Barakatak Bingah teu aya papadana wengina dugi ka teu tiasa mondok heheh bakat ku atoh, tuda nembe sakali-kalina ngintun naskah, langsung medal di Mangle, majalah Sunda nu tos ngadeg puluhan taun, karesep pun Bapa (Alm). Nya, ku Kang Yaya teh dinobatkan yen abdi pantesna di jalur Barakatak, sanes carpon nu seurieus, salian ti eta langki istri nu janten pengarang humor. Padahal saur tokoh humor Arwah Setiawan dina bukuna Humor Zaman Edan, penerbit Grasindo nu dikomentaran ku dosen MJ nu tos ngantunkeun Prof. Sudjoko Ph.D, yen humor teh seurieus. Tuda, teu seurieus kumaha? Da kedah ngemut/mikir kumaha ngadamel carpon lucu nu tiasa ngahibur pembaca supados ngabarakatak, sakedikna lambeyna rada manjangan ka sisi alias keom. Duka Kang Yaya teh pedah sieun kasaingan ku abdi hahaha heureuy Kang! Da, Kang Yaya mah sanes bantrak-bantrakeun abdi. Haturnuhun pujiannana Wa, neda pidua ti Uwa & baraya mugi abdi sing dipasihan ideu2 nu langkung nyongcolang, haturnuhun ka Kang Yaya mugia teu bosen masihan piwuruk ka abdi, te he love ka Kang Asep nu tos masihan ideu ngalebetkeun kana Mangle. Panasaran baraya? Tah aya dina pail nangkod Panasaran keneh? MANGga gaLEuh ro2 >>> [EMAIL PROTECTED] 09/30/07 10:46AM >>> kamari maca dina mangle lalakon neng roro rohmah dina bus kota, mani ngaguuyur. sae tah seratan teh saperti fenomenal wae. djakaria di jakarta. Date: Fri, 28 Sep 2007 17:54:36 -0700 (PDT) From: Rukayadi Yaya <[EMAIL PROTECTED]> Subject: Re: Tah ieu buktosna ... To: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> Wilujeng nya, Antukna janten oge pangarang Mangle, alhamdullilah... Cheers, Yaya --- Roro Rohmah wrote: > Kang Ya, tah ieu buktosna ... > Yaya Rukayadi, Ph.D B504, Biomaterials Research Laboratory Department of Biotechnology College of Engineering, Yonsei University 134 Sinchon-dong, Seodaemun-gu Seoul, 120-749, South Korea Tel: 82+2+2123+4097 Fax: 82+2+362-7265 Mobile: 82+10-7677-0817 E-mail: [EMAIL PROTECTED] ____________________________________________________________________________________ Pinpoint customers who are looking for what you sell. http://searchmarketing.yahoo.com/ Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com