Aduh.....!
  Kang Kabayan...
  Ku harianeun, si ipeut mah teu kumisan teu godegan, alias awewe.......dasar 
kabayan.....he he
   
  Kutan kitu paripolah kabayan teh, alus geuning. Tapi ari rupa jiga kumaha tah 
kabayan teh...?
   
  Teh ipeut
  

kang kabayan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            

Kabayan? Hmmm...
   
  Numawi abdi lalandian jadi Kabayan, da hirup mah, Kang Ipeut, 
durang-duraring, pinuh ku hariring. Hariring nu pangendahna aya dina batin, ari 
durang durirang dina ringkang aya dina uteuk, ari ringkang jeung kayahayang aya 
dina peta. Eta ngan kapendak dina heureuy jeung "geuleuhna" si Kabayan, hehehe. 
  Si Kabayan mah, hirup jadi kawula diri (sakapeung keur sadireunana), hirup 
jadi kawula wargi (hirup keur batur jenuk), jeung hirup jadi kawula Gusti 
(Allah). Urang ngalalana, nu sakapeung teu apal ka rasana sorangan (jiwa). Da 
sakapeung rasa kadungsang-dungsang dina raga jeung amarah nu angkuh. Sakapeung 
rasa kapahung dina raga nu gagah, dina napsu nu sarakah. Mun geus mulang ka 
temahwadi, karek boh raga, boh amarah ceurik, sumerah kana rasa katut jiwa. Tah 
abdi hayang ngabebaskeun rasa (jiwa), raga, jeung amarah babarengan, siga Si 
Kabayan, hirup merdika. 
  Si Kabayan lambang pengembaraan, najan ku batur disebut kedul, wadul, tapi 
dunya mah  memang wadul, alam mana horeng, alam impian. Tina miskin hayang jadi 
beunghar, tina beunghar hayang jadi pangbeuharna, terus ka super beunghar, 
wadullah moal aya nu kaukur kumaha senangna, hehehe! Ah, naha jadi ngacapruk 
kieu, nya Kang Ipeut. Tong dianggap, malum nu nuju puasa, ingetna ngan kana 
kolek wungkul. Jadi teu conect yeuh! Heheh, hampura wae, ulah kabawa lieur..., 
nya! Wassalam!
    
---------------------------------
  Check out the hottest 2008 models today at Yahoo! Autos.  

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke