Bagea kang GL, mangga wae bade naros naon.. ngan kusabab sigana teu aya
patali sareng lembur, urang japri wae saterasna mah nya. Mun tiasa, kantenan
ku abdi di waler... mun teu tiasa kin Insya Allah ku abdi di forward ka nu
tiasa...

 

Ahmad Sopiani
Package Team

R & D Group
AV Factory

PT. LG Electronics Indonesia
Block G, MM 2100 Industrial Town
Cikarang Barat - Bekasi 17520

Jawa Barat, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED]
Tel  : +62-21-8989418

 

  _____  

From: Gan Lesmana [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Monday, October 29, 2007 3:14 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Cc: [EMAIL PROTECTED]
Subject: Re: [Urang Sunda] Tatakrama Basa Sunda (Undak usuk Basa; Bag.1.02)

 

Hatur piuning ah ka Kang Sopiani ....... 
 

Ku kaleresan pisan yeuh geuningan ....... Dupi ngeureuyeuh milari kipayah
teh di LG ... nya ...!?  Kaleresan aya taroskeuneun perkawis product  LG
yeuh .... Kaci, henteu ...!?

 

 

Wass,

GL  

  

 ----- Pesan Asli ----
Dari: Ahmad Sopiani <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 29 Oktober, 2007 3:56:35
Topik: [Urang Sunda] Tatakrama Basa Sunda (Undak usuk Basa; Bag.1.02)




Nu bade nganggo mangga.. alhamdulillah,  nu teu bade ge mangga teh
teuing.... kuring mah 'nating tu lus' saja lah...

=====000===

 

Basa Loma/kasar    Basa Lemes

 

Panggih <> tepang/pendak

Meureun <> panginten

Ninggalkeun <> ngantunkeun

Indung kuring <> pun biang

Bapa kuring <> pun bapa

Indung anjeun <> tuang ibu

Bapa anjeun <> tuang rama

Pamajikan kuring <> pun bojo

Salaki anjeun <> caroge

Pamajikan anjeun <> garwa

Ngondang <>ngahaturkeun

 

Ngaran2 nu aya na anggota badan

 

Basa kasar    Basa Lemes

 

Buuk <> rambut

Huis <> silalatu

Kutu <> untang

Lisa <> paseuk

Sirah <> mastaka

Beungeut <> raray

Tarang <> taar

Halis <> kening

Panon <> soca

Irung <> pangambung

Pipi <> damis

Ceuli <> cepil

Kumis <> rumbah

Biwir <> lambey

Sungut <> baham

Huntu <> waos

Letah > ilat

Gado <> angkeut

Beuheung <> tengek

Punduk <> pundak

Taktak <> taraju

Dada <> payun

Susu <> pinareup

Kelek <> ingkab

Beuteung <> patuangan/lambur

Bujal <> udel

Cangkeng <> angkeng

Ramo <> rema

Kuku <> tangay

Bujur <> imbit

Alat vital <> rarangan

Pingping <> paha

Tuur <> dengkul

Bitis <> wetis

 

(dicutat ti : Unak Ani k Basa Sunda; Dedi, Spd)

 

Tadina mah bingung, naha kutu sareng lisa dicantumkeun, singhoreng judulna
aya kecap "nu aya", pan lisa jeung kutu aya na anggota badan, nyaeta aya di
rambut.. Clear lah.

 

 

 

Ahmad Sopiani
Package Team

R & D Group
AV Factory

PT. LG Electronics Indonesia
Block G, MM 2100 Industrial Town
Cikarang Barat - Bekasi 17520

Jawa Barat, Indonesia
Mail : [EMAIL PROTECTED] com
Tel  : +62-21-8989418

.


 

 

 

  _____  

Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
<http://sg.rd.yahoo.com/mail/id/footer/def/*http:/id.answers.yahoo.com/>
Answers

Kirim email ke