Haturan kang Tatang, kumaha damang...? 
  Si teteh waktos boboran mudik ka jalan Srigadis, mung sami teu lami. Naha 
atuh teu ngawartosan padahal tiasa silahturahim.
   
  Rupina nami Tenni ieu mah pameget, janten teu cocok sareng pamendak 
akang.....he he, Sok atuh kang Tenni kadieu........urang diskusikeun, kamana 
jalminanya nyai tenni teh...?
   
  ipeut

Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Teteh Tien kamana wae? boboran kamari teu tepang nya? Punten si aki 
tams sareng ninina teu mendakan ka Jl. Mohamad Ramdhan, jalaran waktosna teu 
cekap. 
   
  Eta ujang atanapi nyai Tenni, dibabade ku aki mah sigahna bae Supardi teh 
nami tambihan, naha bin atanapi binti. Upami wae Tenni teh istri, sigahna 
lengkepna Tenni Binti Supardi. Upami Tenni teh pameget, tangtos janten Tenni 
Bin Supardi. 
   
  Nanging aya kabiasaan oge, jenengan anu paling akhir teh upami sanes jenengan 
ramana, tiasa janten nami carogena; ieu mah khusus kangge istri.
   
  Teu aya awona sawios baraya enggal pinanggih ieu bae sing ngenalkeun deui, hi 
hi hi hi? 

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        mangga linggih.......wargi enggal
  Si teteh kataji ku nami tenni kacipta geulis, tapi aya supardi.....ieu mah 
atuh kasep......satengah geulis satengah kasep janten naonnya..? he he
   
  ipeut

tenni supardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  jadian deui ah nepangkeunana....
sampurasuuuuun....Aki Nini, Bapa Ibu, Akang Teteh, Adi Lalaki Adi Awewe...sesah 
tuda nyebatna, pokona kum kasadaya warga Kusnet...!
wasta simkuring Tenni Supardi, Kawit ti Ujungberung Bandung Jawa Barat 
Endonesia...pami kuli mah di medi radio sawasta, teras hobina kana tani hususna
pepelakan hias...
haturnuhun ka Aki Tatang parantos ngabageaken...!
    
---------------------------------
  Get easy, one-click access to your favorites. Make Yahoo! your homepage. 

  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 



    
---------------------------------
  Be a better pen pal. Text or chat with friends inside Yahoo! Mail. See how.  

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Kirim email ke