Hatur nuhun Ayi MJ kana tambihan impormasi na. 
(mun kitu mah kring oge boga "Tjap" PRITIM atuh. lembur kuring di kertabuni, 
cijeungjing, ciamis. Ngandung harti ayi MJ teh kalebet dulur kuring, jante.. 
gaduh roko teu?, cik nyuhunkeun sabatang he..he...)
manawi wargi kusnet kagungan impormasi sanesna di antos.

Cigana (make C), da lamun Calana(make S) kumaha atuh ???? ..............manuk 
cingkleung cindeten na KABULUSAN. he.he..he...

baktos
sonirosa
www.bolotot.com


  ----- Original Message ----- 
  From: mj 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, January 14, 2008 12:49 PM
  Subject: RE: [Urang Sunda] Ngiring ngauningakeun KMA Pritim





  Biasa kang Soni bolotot mah ari batur aya kahayang teh sok ditalek nu 
kararituna. Visi misi tea. Heuheu

  Kang Soni bolototdotkom memang urang priangan timur, leuwih timur ti si 
kuring. Lemburna tempat baheula Prabu Dimuntur-tandana aya walungan Cimuntur. 
malah aya keneh ngaran desa nu ngaharib-harib ka  ngaran karajaan baheula. 
Kertabumi.



  hade tah aya komunitas Priangan Timur.  Pritim teh mana bae? Ciamis tasik 
garut? Baheula sok disebut GTC ku si kuring, surili galuh. Heuheu.

  Meureun make modal sajarah karesidenan baheula nya.

  Cirebon ngawengku kuningan, indramayu majalengka (tah modal pikeun propinsi)



  Eta make Asli sagala. Kudu peripikasi heula atuh asli heunteuna. Nu asli 
urang galuh mah da sigana dina dna-na aya tanda surili. Duka tah urang tasik 
jeung garut. Boa urang garut mah baroga tato gambar gunung cikuray nya. heuheu.



  Ieu jawaban sakahayang:

    1.. maksad jeung tujuan, nya meureun kitu we, siga nu biasa. (boa 
tungtungna hayang jadi propinsi sorangan). 
    2.. cigana (da asa make S euy, sigana), di galuh mah ku onom we, da urang 
mah pakepuk ku caricing tea. heuheu 





------------------------------------------------------------------------------

  From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of 
sonirosa
  Sent: Saturday, January 12, 2008 4:01 PM
  To: urangsunda@yahoogroups.com
  Subject: Re: [Urang Sunda] Ngiring ngauningakeun KMA Pritim



  Haturan kang Rony

  haturnuhun impormasina, kuring oge kabita.

  kukituna nyuhunkeun impormasi anu leuwih eces.



  1. maksad + tujuan diayakeun KMA Priangan Timur.

  2. saha anu ngokolakeun KMA Priangan Timur, tos dugi kamana tapak lacakna.

  hatur nuhun

  baktos sonirosa

  www.bolotot.com



    ----- 


   

Kirim email ke