Hatur nuhun kang Kumi, kuring geus ngadonglod impo ti akang. (kumaha wartosna 
siBagja oge ambuna?)

salam
sonirosa
www.bolotot.com
  ----- Original Message ----- 
  From: kumincir 
  To: Kusnet 
  Cc: Kisunda ; [EMAIL PROTECTED] ; barayasunda 
  Sent: Monday, January 14, 2008 6:40 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: SundaBlog: eBook 700 Paribasa Sunda


  ---------- Forwarded message ----------
  From: SundaBlog
  Date: Jan 13, 2008 9:20 PM

        SundaBlog  
       


  eBook 700 Paribasa Sunda 

  Posted: 12 Jan 2008 03:09 PM CST

  Sabaraha persen urang Sunda nu wawuh keneh kana paribasa Sunda? Duka ari 
persen-persenna mah tah. Ngan nu jelas, pasti saeutik, utamana ti kalangan 
generasi ngora. Tapi ieu teh memang lain salah maranehanana. 

  Loba faktor nu ngalantarankeunana. Di sakola, waktu pangajaran basa Sunda 
beuki samporet. Di imah, loba kolot anu kalah ngajak nyarita ka anak-anakna 
make basa Indonesia, najan duanana pituin urang Sunda. Di luar imah mah geus 
puguh deui. Media basa Sunda (majalah Sunda) asana teh jiga nu aranteng 
sorangan, sibuk dina dunyana sorangan. Dunya pangarang Sunda, dunya 'seniman' 
Sunda, bari siga nu tara ngalieuk ka sisi ka gigir. Deukeut-deukeut kana 
masturbasi intelektual. Hayoh we pabeulit tur ulukutek dina lingkungan anu 
kacida heureutna. Buku-buku basa Sunda di toko buku arang aya nu meuli. Padahal 
urang Sunda teh mayoritas di Jawa Barat mah. Aneh pan?

  Nu matak ulah kaget lamun budak hulang-huleng teu ngarti basa Sunda. Sok komo 
deui mun kudu ngajawab patalekan-patalekan saperti: Nu kumaha ari nulungan 
anjing kadempet? Naon ari disakompetdaunkeun? Jiga kumaha ari jelema nu ngabudi 
ucing?

  Aya nu nyebutkeun, jamanna ge cenah geus beda, geus robah. Naha mun jaman 
geus robah hartina kudu cicing wae? Euweuh guam pikeun ngungkulanana? Nu 
palinter jiga nu teu paduli. Tapi, nu pinter mah memang kudu kitu meureun nya 
:-)



  Ah, tibatan ngomongkeun batur bari jeung sarua cicing mah, kateuteuari. Najan 
kuring teu pinter, lain inohong, lain pangarang, lain budayawan, lain seniman, 
lain si utu si eta, asa taya salahna mun pipilueun mikanyaah basa jeung budaya 
Sunda. Mun tea mah ieu meunang dianggap katineung kana basa Sunda, nyanggakeun 
tah ebook 700 paribasa Sunda. Nu nulisna lain kuring, tapi yasana Bapa R. 
Maskar Gandasudirdja. Ieu mah itung-itung milu nyebarkeun elmu, bisi aya nu teu 
acan gaduh.

  Ebook 700 Paribasa Sunda tiasa diundeur di dieu.

   

Kirim email ke