> "Tito Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> punten ah abdi asa cocog sareng nu disebatkeun ku abah "Hey Islam 
> mah ngan hiji..kunaon mararaneh.. bet beda2 ! ...Tah kanu kieu urang 
> kedah dakwah teh..."

Leres Bah Tito, matak kuring sok "lumpat" atawa "tara daek" mairan 
lamun geus lumpat kana dalil mah. Sabab nyaeta ceuk Bah Surtiwa mah 
jadina "mubeng" we didinya teu kaluar ti "orbit".

NU karasa ku ku kuring, salila ngiluan millis-millisan boh didieu 
atawa di millis Islam, umumna aya "gap" antara generasi barudak ngora 
jeung urang nu umurna geus cueut kahareup. Umumna nu umurna geus cueut 
kahareup mah leuwih nekenkeun kana ibadah individu tinimbang kanu umum-
umum.

Ieu beda jeung umumna barudak ngora, nu hayang oge Islam diterapkeun 
kana kapentingan umum. Jadi ceuk bahasa politik mah, loba penganut 
ISLAM POLITIK. Hal nu wajar sabenerna mah, maklum barudak ngora. Dalah 
kuring oge, waktu mahasiswa ngiluan pemilu, nyolok teh partey nu 
lambangna Ka'bah (P3) ....bakating ku sebel (muak) ka Pamarentah.

Ieu mah keur nu ngarora, aya alusna lamun arek memperjuangkeun 
aspirasi/ kahayang politik, nya kedah ngiringan jeung "ATURAN MAEN" nu 
aya di Indonesia. Ulah diluar Aturan Maen, sabab "NU MAEN POLITIK"  di 
Indonesia teh seueur, nu oge  masing-masing gaduh suporter seueur. 
Lamun diluar "ATURAN MAEN", nagara urang bisa anarki, kaasup Tatar 
Sunda.

Geus "wareg" lah tatar Sunda teh, dipake "campuh" ku sagala ideologi 
ti luar. Mudah-mudahan sing nyaraah ka lembur urang sorangan ....

Baktos,
WALUYA

   



 


Kirim email ke