Inget Nalo, inget jaman SDSB. Boga babaturan urang Yogya, manehna 
kacida hariwangeunana pisan ka bapana nu geus kolot, hirup sorangan 
wae di Yogya, sanggeus ditinggalkeun maot ku pamajikanana. Nya ku 
babaturan di ajak ka Serpong, ka imahna di kompleks perumahan kantorna.

Mimitina mah Bapana teh betaheun, da sagala disadiakeun, pokona mah 
dipupujuhkeun lah ku anakna teh. Tapi geus dua bulan, bapana teh 
keukeuh hayang balik ka Yogya, alesanana teh melang ka imah, cenah. 
Ditahan-tahan ge teu bisa.

Ngarasa curiga bapana teh hayang kawin deui, babaturan teh "nyilidik" 
ka Yogya, naon wae nu dipigawe ku bapana di Yogya. Ari pek teh si 
Bapana teh loba baladna nu unggal poe "mecahkeun" kode SDSB di warung 
kopi deukeut imahna. Babaturan teh keuheul, da ari rek pasang SDSB mah 
di Serpong oge aya.

"Di perumahan maneh mah, euweuh nu ririungan kieu, ngode nomer 
babarengan, jadi sepi, teu resep", ceuk bapana teh.
 
Babaturan kuring teu bisa kukumaha, da enya di kompleks perumahan 
manehna mah, teu aya nu ririungan ngode nomer.

Jadi? ngode nomer SDSB oge aya gunana keur kaum manula ...hehehehe


Baktos,
WALUYA



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Baheula, jaman tikotok dilebuan keneh,boh dipilemburan sumawona 
dikota, mahabu pisan ku nalo. Nalo teh singketan tina Nasional Lotre, 
sok disebut oge kodeu buntut. Duka dimeunangkeun duka henteu da 
numasang ge tara ieuh dicaram,kitu deui nu jadi bandar teu matak 
diudag-udag ku aparat, meureun ayana nalo teh jiga porkas atawa sdsb 
we nu dilegalkeun ku pamarentah. Saking populerna kecap nalo ieu, 
nepikeun ka kurupuk ge aya nu diaranan kurupuk nalo,ditorosan ku 
palastik,tengahna molongo jiga hurup "o" kitu deui diwewengkon Jakarta 
pernahna hareupeun ancol pisan aya padumukan nalo.


Kirim email ke