> "dienhambali" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Mung nu janten heran ....  naon seh  anu  di banggakeun ka 
> demokrasi  teh ? kok  mani sakitu segut na ngabelaan demokrasi 
> sakitu bejatna? Padahal  urang teh  ngagaduhan ideology anu sakitu 
> saena  sareng  pami memperjuangkeunana  teh  pahala ti Allah SWT  
> nya eta syurga


Kieu atuh Kang, ari akang alergi kana kecap "demokrasi" mah, supaya 
teu muter-muter. Cik kumaha ceuk akang PRAKTEKNA nu disebut 
pamarentahan Islam teh. Contona kumaha carana milih pamimpin siga 
Presiden, gubernur, bupati tepi ka lurah ....

Kakawasaan nu dicekel, saha nu ngawasna. Terus nu ngawasna saha nu 
ngangkatna?. Naon sababna perlu nu ngawas, sabab ceuk paribasa oge, 
dimana-mana kakawasaan mah boga kecenderungan nyeleweng (corrupt).

Di umumna nagara-nagara ayeuna, iwal ti nagara totaliter atawa 
monarki absolut, kakawasaan teh dibagi jadi: Legislatif, eksekutif 
jeung Yudikatif (soal ieu tingali postingan MJ). Tah kumaha lamun 
ceuk Islam versi akang?

Sok mangga diantos waleranana ....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke