Miluan carita ahh . . .

Ieu mah asli kaalaman ku kuring pribadi

Harita masih sakola kls 3 SD di banjar

Boga babaturan ngarana Dadang Kardiat urang garut bapakna pangsiunan
tangtara

Hiji waktu basa keur ulin di imah manehna, kuring dicalukan ku bapakna
tah asup ka jero imah

Di jero imah geus aya 2 tamu bapakna si Dadang, terus kuring dipenta
tulung pang nempokeun aya tulisan naon

dina kertas tik sanggeus ku salah sahiji tamuna bapakna si Dadang kertas
tik eta dicelomkeun kana gelas eusi cai herang nu geus dijampaen

basa nempo eta kertas tik awalna teu katempo aya tulisan nanaon, tapi
lila-lila ketempo tulisan angka 

mimita angka 2, terus angka 2na leungit deui, terus aya deui angka 3,
terus ganti deui angka 5

angka-angka eta ku bapakna si Dadang dicatet

 

basa balik ka imah kuring kajadian eta dicaritkeun ka kolot jeung
lanceuk kuring

kabeneran lanceuk kuring apal jeung wawuh pisan ka kaluargana si Dadang
Kardiat 

da manehna sok milu latihan pencak silat ka salah sahiji lanceukna si
Dadang Kardiat 

ari isukna lanceuk kuring tara tisasari hudang isuk terus ka bandar
buntut urang cina, 

rupana lanceuk kuring milu masang eta nomor bari jeung angkana
dibolak-balik

ari balik maneh seura-seuri atoh pisan rupana angkana tembus . . . .

sorena kuring dipangmeulikeun jajanan bari ngomong sing sering-sering we
nya ulin ka si Dadang

 sugan we aya deui nomor buntut kitu ceunah . . . heu heu heu

 

cag, . . . geus ah, bisi aya nu menta tulung pang ramalkeun . . . . .
heu heu heu

 

bowieurangjawanulamiditatarpriangantimur

 

________________________________

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Roro Rohmah
Subject: [Urang Sunda] Re: "NALO"

 

Heheh... bodor...Ngiring ngadongeng ah...


Harita taun 90an, kuring keur nganjrek di Mess AURI keneh. Aya pasapon &
nu sok babantu di dinya. Hiji poe, kuring kaluar ti kamar, ningali keur
ngagarulung we 3an, kutrat-kotret dina kertas bari pating karerung
tarangna (jiga nu heueuh keur ngajawab soal make rumus matematika atawa
fisika). 
"Pa, nuju daramel naon?", ceuk kuring nanya.
"Ieu Neng, ngotret rumus.. dibulak balik titatadi angger bae teu
kapendak". 
"Rumus naon?" 
"SDSB!" ampir bareng.
"Mmmmm... cik  cobian 48!" ceuk kuring asbun.

 

Isukna meuni reang...
"Aduh, Neng...naaa ni tiasaan ngarumus teh?.. hanjakal teu dipasangan ku
Bapak".
"Sok kanggo minggu payun nomer sabaraha?" 
"Cik atuh Neng, tulungan Bapa yeuh..."

 

Kuring ngan saukur kerung...ditungtungan ku ngaheheh....

 

ro2.



“This e-mail (including any attachments) is intended solely for the addressee 
and could contain information that is confidential; If you are not the intended 
recipient, you are hereby notified that any use, disclosure, copying or 
dissemination of this e-mail and any attachment is strictly prohibited and you 
should immediately delete it. This message does not necessarily reflect the 
views of Bank Indonesia. Although this e-mail has been checked for computer 
viruses, Bank Indonesia accepts no liability for any damage caused by any virus 
and any malicious code transmitted by this e-mail. Therefore, the recipient 
should check again for the risk of viruses, malicious codes, etc as a result of 
e-mail transmission through Internet”

Kirim email ke